Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/64

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

KINANTI

Estuning ku matak bingung, na kudu ka mana nya jig, ka mana neanganana, ku pribumi teu kapanggih, komo-komo ku aing mah, milik diri kieu teuing.

Ya Allah Nu Maha Agung, nu sipat Rahman jeung Rahim, abdi kumambang ka kersa, sanget panuhun sim abdi, pamugi-mugi Gamparan, miwelas ka diri abdi.

Nyuhunkeun enggal patepung, sareng pun bapa pun Uki, kitu deui jeung pun anak, nu acan pisan papanggih, Ya Allah tobat Pangeran, mugi aya sihing Gusti.”

Marjuki bari sumegruk, ngomong deui ka Alwasim, ”Kumaha timbangan Aka, pilampaheun diri kuring, sababna enggeus tetela euweuh di Patuha-Wati.”

Ki Alwasim gancang matur, ”Aka oge bingung teuing, eta mah sadaya-daya, ku aka henteu kapikir, pendekna kumaha Ujang, pikeun jalanna ngilari.”

Meh nepi ka pukul satu, nyaritana jeung Alwasim, katilu reujeung bojona, geus kitu ngomong Marjuki, ”Aka kuring ripuh pisan, ayeuna neda paidin.

Suku kuring mani rincug, urut leumpang poe tadi, ayeuna rek mondok heula, sakalian neda idin, di dieu rek reureuh heula, wates dina tilu peuting.”

Alwasim gancang ngawangsul, ”Atuh sumangga teh teuing, pikir aka leuwih bungah, sumawonna tilu peuting, najan nepi ka mulanan, aka suka putih bersih.”

Gancangna anu dicatur, barang enggeus tilu peuting, Marjuki tuluy amitan, rek ngeureuyeuh idit deui, kontrak-kontrak rek dipapay, suganna pareng kapanggih.

Alwasim bungah kalangkung, bojona ge kitu deui, sarehna

47