enggeus narima, pamere ti Ki Marjuki, rupa-rupa papakean, malah ditambahan duit.
Isuk-isuk pukul tujuh, Ki Marjuki tuluy indit, diiring ku hiji jalma, malahan jeung Ki Alwasim, maksud manehna rek jajap, nepi ka Patuha-Wati.
Caturkeun bae geus cunduk, ka kontrak Patuha-Wati, unggal bedeng diasupan, diroris sahiji-hiji, tapi weleh henteu aya, tambah bingung Ki Marjuki.
Ku lantaran tanggung waktu, di dinya mondok sapeuting, isukna bral deui mangkat, pamaksudan Ki Marjuki, kabeh kontrak rek dipapay, ari Alwasim mah balik.
Marjuki lampahna laju, ganti-ganti anu ngiring, mapay ka unggal kontrakan, tapi weleh teu kapanggih, taya beja-beja acan, bati bingung Ki Marjuki.
DANGDANGGULA
Urang tunda lampah Ki Marjuki, anu eukeur mapay ka kontrakan, ganti anu kacarios, kocapkeun hiji kampung, lembur gede sarta raresik, kawentarkeun jalmana, rea anu cukup, katelah Kampung Manggahang, enya eta bawah Kacamatan Cangkring, distrikna ka Ciparay.
Dina eta kampung aya hiji, jalma anu pangbeunghar-beungharna, ka mana-mana kasohor, ngaranna Haji Yusup, menak kuring sami miasih, ari lantaranana, pangbeunghar sakitu, lain banda tuturunan, estu beunang itikurih ti leuleutik, babanda ti bubudak.
Ti ngongora gawena ngan tani, selang-selang dibarung jeung dagang, balantik kuda ka Bogor, ku tina leuwih suhud, dagang tani ahirna mukti, manehna mantrang pisan, kana lampah lacur, sumawon kana ngadu mah, kitu deui hakan pakena diijir, teu tinggal ti jeujeuhan.
Jadi saban taun bisa bukti, beubeunangan usahana nyang-