Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/66

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

sang, kana sawah reujeung kebon, dina sapuluh taun, rajakaya anu geus bukti, sawah reujeung kebonna, geus puluhan bau, kitu bae saterusna, saban taun tambah deui-tambah deui, nepi ka jadi beunghar.

Henteu aya kakurangna deui, ku tatangga estu kaimpungan, sakahayang salieuk beh, reujeung resep tutulung, ka jelema anu prihatin, supaya kasusahna, bisa gancang lipur, jaba eta sok miwulang, kana jalan nu baris salamet diri, supaya hirup senang.

Mungguh kudrat Gusti Maha Suci, babagian sakabeh abdina tetela teu sampurna teh, pikeun nu jadi mahluk, kudu nyorang suka jeung sedih, nya eta pikeun tanda, yen mungguhing mahluk, henteu daya teu upaya, usik-malik kalawan kersa Yang Widi, badan darma lumampah.

Haji Yusup keur nandang prihatin, sumawonna Nyi Halimah, ma'lum kawantu awewe, geus leuwih lima taun, ngangres ati nu taya tanding, kurang sare jeung dahar, awak ruksak kuru, lantaran mikiran anak, keur hiji teh turug-turug make leungit, teu beja-beja acan.

Diteangan ka mana-ka mendi, geus puluhan jalma nu dititah, satanah Priangan kabeh, bebes henteu kalarung, ka Cirebon jeung ka Batawi, malah ka Banten pisan, beak ratus-ratus, tapi weleh teu kapendak, Haji Yusup jeung bojona beuki sedih, awakna beuki ruksak.

Nu dipikir henteu aya deui, rajakaya sakitu lobana, kumaha mun pareng maot, saha nu baris nulung, ahli waris teu aya deui, salianna ti anak, da dulur teu gaduh, kitu bae pamikirna, inggis sieun anakna teu balik deui, maot di panyabaan.

Kacaturkeun dina hiji peuting, kira-kira jam pukul sawelas, Haji Yusup eukeur jongjon, duaan keur tapakur, neda-neda ka Gusti Yang Widi, aya nu pupuntenan, tetela ti payun, Haji Yusup teh ngarenjag, jeung Nyi Haji duaan tuluy arindit, ka panto muka tulak.

Ku lantaran sora anu tadi, kadengena rada asa-asa, barang panto geus muka teh, pok ngomong Haji Yusup, ”Saha eta bet peu-

49