{{hwe|peuting-peuting|ting-peuting}, na aya naon beja, cing ka dieu asup,” Ki Marjuki gancang unggah, sup ka jero sarta henteu tempo deui, ngarangkul ka indungna.
Bari nyuuh goak bae ceurik, sasambatna ”Aduh Ibu tobat, ieu abdi teh pun Saleh,” Nyi Haji teh ngaranjug, ka anakna teu pisan pangling, goak ceurik midangdam, barina dirangkul, ”Anak aing ieu datang,” Haji Yusup olohok jeung jeba-jebi, nyalangkrung cipanonna.
Ujang Saleh tuluy nyuuh deui, ka bapana sarta jeung sasambat, bari ceurik henteu repeh, ”Ama abdi teh ampun,” Haji Yusup ngagero ceurik, sabab teu bisa nahan, pokna ”Aduh-aduh, ama henteu nyana pisan, reujeung Ujang bet bisa papanggih deui, nuhun ka Nu Kawasa.”
Pagugulung tiluan careurik, Nyi Haji mah mani dedengekan, ma'lum adatna awewe, tatanggana rarabul, muru-muru ka nu careurik, aya nu ngais anak, reh kaget kalangkung, ngadenge nu jejeritan, disangkana geus tangtu aya balai, boa Ki Haji wafat.
Sarerea bengong liwat saking, barang nenjo geuning aya semah, jeung tetela Ujang Saleh, sidik henteu kaliru, ceuk sawareh ”Leuh-euleuh geuning, haturan teuing Ujang, bet mangtaun-taun, naha Ujang teh ti mana,” kitu bae pokna awewe-lalaki, bari ngariung semah.
Barang enggeus lalemper saeutik, Haji Yusup Nyi Haji Halimah, kitu deui Ujang Saleh, pok ngomong Haji Yusup, ”Ama bungah nu taya tanding, Ujang ayeuna datang, leuwih lima taun, ninggalkeun ibu jeung ama, puji nuhun ka Gusti Nu Maha Suci, jeung Ujang teh ti mana.
Kai Saleh ngawalon jeung ceurik, ”Aduh Ama abdi sesah pisan, henteu wantun bade waleh, margina abdi paur, bilih aya pulisi ngintip, kapan abdi pang minggat, tina banget bingung, disangka milampah jahat, jadi abdi masih udagan pulisi, mo weleh diteangan.
Waktos ieu abdi prantos manggih, panyumputan anu buni pisan, malah dina emutan teh, najan saumur hirup, ku pulisi moal