kapanggih, pangna ayeuna dongkap, reh sono kalangkung, hayang tepang sareng sepah, tina margi siang-wengi kapieling, bok bilih kuma onam.
Ayeuna ge seja wangsul deui, subuh-subuh abdi bade miang, margi langkung risina teh,” Haji Yusup ngaranjug, Nyi Haji ge pon kitu deui, ngomong meh bareng pisan, ”Bareto ge putus, Ujang mah teu boga dosa, nu maling teh si Jumita jeung Asimin, duanana dibuang.
Dihukumna di bui Batawi, lilana teh dua taun sewang, malah Jumita mah maot, lilana ngan sataun, tina waktu balik ti bui, ari si Asimin mah, terus bae kabur, duka di mana ayana, waktu Ujang dirawatan ku pulisi, ama banget nya wirang.
Kainggis teh Ujang campur maling, tapi barang maneh geus teu aya, Mas Lurah bet mere wartos, Ujang yakin teu campur, malah-malah keur baris saksi, sabab peuting harita, jeung Ujang patepung, waktu di panglalajoan, si Asimin jeung Jumita keur badami, rek nyieun lampah jahat.
Haji Yusup keur ngomong ngabuih, aya jalma anu pupuntenan, gancang dimanggakeun bae, barang geus pada asup, bet Mas Lurah reujeung pulisi, ”Aeh geuning Mas Lurah,” omong Haji Yusup, ”estu kaleresan pisan, takdir Gusti akang bisa tepung deui, sareng ieu si Ujang.”
Lurah gancang ka Saleh ningali, ”Euleuh geuning ieu teh si Ujang,” gancang bae Ujang Saleh, nyampeurkeun bari munjung, kitu deui ka Ki Pulisi, Mas Lurah tuluy nanya, ”Naha make. kabur, kawas anu boga dosa, najan Ujang diambat ku si Asimin, mamang mah teu percaya.
Bukti pisan pamanggih pulisi, nu maling teh estu ngan duaan, Ujang mah diambat bae, ku mamang ge kama'lum, pangarahna teu aya deui, sidik nyieun pitenah, suganna digugu, atuh pulisi mah awas, moal beunang dibobodo dipupusing, ngagugu omong bangsat.
Ngan mamang mah hanjakal saeutik, eta Ujang make rusuh minggat, siga anu enya bae,” Ujang Saleh ngawangsul, ”Taya sa-