Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/69

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

nes margina abdi, sakalintang wirangna, dongkap ka dituduh, cacampuran lampah jahat, ceuk deungeun teh boro mah anak nu sugih, geuning goreng lampahna.”

Ceuk Mas Lurah ”Mamang oge ngarti, ku lantaran Ujang teh kakara, kasorang wiwirang gede, tatapi kudu emut, ka babasan jaman kiwari, omongan kaum muda, mamang mah panuju, barani karana benar, sabalikna urang kudu pisan ngarti, takut karana salah.

Ku Ujang teh sageuy teu kaharti, da Ujang mah wedalan sakola, jadi pikeun luang bae, bisi Ujang ka payun, dikadarkeun pinanggih deui, wiwirang panudingan, ulah rusuh kabur, anggur urang kudu gancang, ngabuktikeun yen diri urang beresih, sangkan wiwirang lubar.

Si Jumita sareng si Asimin, geus dihukum dua taun sewang, malah-malah bareto ge, asa meunang sataun, ti saenggeus balik ti bui, Jumita gering payah, nepi ka dikubur, si Asimin mah teu datang, aya beja moal arek balik deui, era ku barayana.

Tah sakitu tungtungna perkawis,” Ujang Saleh gancang ngawalon, ”Abdi sakalintang bae, bingahna sagugunung, reh tetela ayeuna abdi, teu gaduh pisan dosa,” ngomong Haji Yusup, ”Mas Lurah ieu si Ujang, tadina mah subuh arek indit deui, basana teh hariwang.”

SINOM

Teu kacatur susuguhna, bubuhan di anu sugih, lalawuh sagala nyampak, budal ti jero lomari, teu eureun naheur cai, di jero dapur pakepuk, sakabeh badegana, tatanggana kitu deui, digarawe masang nyadiakeun semah.

Semah kabeh kasuguhan, Nyi Haji nu cakah-cikih, metakeun kabeh badega, anu masang anu nyisih, kabeh lalawuh bijil, tapi teu kaur ku diuk, ngadeukeutan anakna, mun kongang mah hayang ngais, tina sono pacampur jeung kabungahan.

52