Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/70

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Pok ngomong deui Mas Lurah, ”Sukur Ujang enggeus sumping, ayeuna kahayang mamang, Ujang kudu tetep cicing, tong hayang indit deui, unclang-anclong henteu puguh, anggur geura bebetah, geus meujeuhna laki-rabi, riung mungpung jongjon ngawulaan rama.

Tangtu ku Ujang katimbang, sepuh teh teu aya deui, anu dipake kamelang, ngan diri Ujang pribadi, ku mamang geus kasaksi, ama sareng ibu ngangluh, lantaran euweuh Ujang, salirana jadi langsit, wuwuh kuru ngan Ujang nu kapicangcam.”

Ngomong Nyi Haji Halimah, ”Ibu lain begang deui, ieu iga mani ragas, ku lantaran beurang-peuting, ku ibu nu dipikir, ngan ngagugulung kabingung, ti barang euweuh Ujang, teu ngarasa sehat diri, kurang sare barangdahar teu mirasa.

Yaktos aceuk teh Mas Lurah, salamina gering pikir, inget bae ka pun anak, akangna pon kitu deui, uyuhan kuat diri, gering nangtung lima taun, lamun kurang pasrah mah, narima takdir Yang Widi, boa-boa aceuk paeh kaedanan.”

Gancang ngawalon Mas Lurah, ”Malah ku timbangan kuring, mun aceuk kirang sabarna, nu tangtu pisan balai, kuring teu weleh muji, aceuk jeung akang teh pengkuh, kiat nahan tunggara, nuhun ka Nu Maha Suci, peuting ieu aceuk jeung akang daramang.

Kuring asa kabeneran, pareng dina ieu peuting, bisa ka dieu ngaronda, sareng kaget liwat saking, bet nguping aceuk nangis, sarta di dieu ngaguruh, sing horeng Ujang datang, anu henteu sangka teuing, panyana teh di bumi kapapatenan.”

Malik ngomongna Mas Lurah, ka Ujang Saleh ningali, ”Mamang hayang geura terang, cing carita masing sidik, ti barang Ujang indit, lalampahan lima taun, teu beja-beja acan, na di mana Ujang cicing, sabab weleh diteangan teu kapendak.”

Gorolang Saleh carita, ”Abdi teh nu mawi indit, tina banget kabingungan, pikir ngarasa rarisi, rek nyumput di nu buni, kontrakan anu di jugjug, mimiti nu disorang, kontrak bawah Cisondari, teras-teras ka kontrak bawah Cidamar.

53