Tatapi hate salempang, ti Cidamar indit deui, mapay-mapay ka kontrakan, di bawahan Sukabumi, mung masih keneh risi, nya terus bae ka Lampung, kuli di Tanjungkarang, bisa jadi jurutulis, kumawula ka anemer Mas Wiria.
Dina unggal-unggal bulan, merelukeun nyimpen duit, sesa pake sareng teda, tah ieu mangga tingali,” seug muka sabuk kulit, ku uang keretas pinuh, tuluy bae dibilang, Haji Yusup jeung Nyi Haji, ceurik bungah nenjo tilepan wang kertas.
Nya kitu deui Mas Lurah, gogodeg jeung bari dikir, tuluy duit dibarilang, jumlahna sarebu leuwih, jaba duit laleutik, eta mah henteu diitung, Nyi Haji henteu tahan, ngarontok barina ceurik, enggeus poho di kaera loba semah.
Ujang Saleh diusapan, ”Duh anaking deudeuh teuing, geuning Ujang teh tawekal, geus bisa ngampihan rezki, ibu teu nyangka teuing, Ujang enggeus bisa kitu," gancang ngomong Mas Lurah, ”Horeng henteu salah deui, bet uyah mah tara ka luhur teesna.
Ujang Saleh henteu wakca, yen manehna geus rarabi, ngarasa isin ku sepah, meunangkeun ka urang sisi, tambah bojona leungit, anakna oge nya kitu, dibawa ku akina, teu puguh tempatna cicing, sarta weleh diteangan teu kapendak.
Dina peutingan harita, bet henteu karasa deui, blang bae nepi ka beurang, cacarita siligenti, Mas Lurah enggeus pamit, tatangga rabul warangsul, ngan kantun pribumina, badegana kitu deui, rek cacawis pikeun hajat panadaran.
Kocap ti waktu harita, Jang Saleh teu ingkah deui, tetep di kolot-kolotna, sarta manehna geus kawin, nikah meunangkeun wargi, beunang pangreremo sepuh, sarta geus imah-imah, saadat anu rarabi, imah weuteuh ngababakan sisi sawah.
Ari pakasabanana, Ujang Saleh taya deui, nuluykeun gawe bapana, babakuna kana tani, ku bapana diwaris, sawah katut reujeung talun, sabab pikir bapana, upama henteu dibagi, bisi boga pikiran henteu merdika.
Ujang Saleh jeung bojona, hirup ngahenang-ngahening, taya