Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/72

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

pisan kakurangan, ku tatangga dipiasih, ku lantaran geus bukti, resep nulung ka nu butuh, ngarahab nu walurat, welas asih ka nu miskin, kalulutan ku sanak ku kadang warga.

Kitu deui tabeatna, mibudi lakuning santri, milampah peta ulama, larangan sara dipahing, getol salat ngabakti, tumut ka parentah Rasul, tara ngarah ngarinah, ati tara sirik pidik, jauh pisan tina basa ”kamagungan.”

ASMARANDANA

Tapi najan repeh-rapih, Jang Saleh reujeung bojona, hatena mah henteu petot, inget ka bojo ti heula, kitu deui ka anak, teu weleh-weleh rumanjug, gumeter jeung seseblakan.

Itungan di dinya cicing, ti wates manehna datang, lima taun lilana teh, pageuh ngandungna rasiah, henteu pisan katara, sumawon ku batur-batur, bojona ge henteu terang.

Taya sangkaan saeutik, Jang Saleh ngandung rasiah, sabab lampahna teu geseh, kitu deui parangina, tetep teu pisan robah, kukuh tukuh estu pengkuh, pageuh ngemuna rasiah.

Manehna teu pegat muji, dina unggal bada salat, neda ka Gusti Yang Manon, pamugi-mugi bojona, kitu deui anakna, kenging nugraha Yang Agung, salamet salalawasna.

Reujeung panuhunna deui, sing enggal bisa kapendak, kitu bae Ujang Saleh, nenedana bada salat, sarta diihtiaran, najan ku sumput-salindung, sieun rasiah kabuka.

Nitah jalma nu utami, nu biasa nyanyabaan, sarta perceka perlente, percaya lamunna aya, tangtu bisa kapendak, sabab manehna geus baku, tukang ngudag pulisian.

Dina sabulan sakali, manehna teh osok datang, terus ka Jang Saleh lapor, ngabejakeun perjalanan, yen manggih katerangan, nu kudu terus disusul, pang manehna gancang mulang.

Lantaran bekel geus sisip, Jang Saleh leuwih percaya, ka

55