omong eta jalma teh, teu kendat kaluar uang, dina sakali iang, kurang leuwih lima puluh, teu ngitung di karugian.
Tapi barang lami-lami, beak akal tarekahna, indit ka mana-mana teh, weleh bae teu kapendak, tuluy bae balaka, yen manehna geus teu sanggup, geus sisip akal tarekah.
Jang Saleh ge kitu deui, beak panasaranana, pasrah ka Gusti Murbeng Reh, narima kana kadarna, papasten ti Pangeran, tutulisan ti lohmahpud, nu pasti teu bisa robah.
Samemeh urang ngajadi, gumelar ka bumi alam, geus tangtu reujeung papasten, anyar soteh kapanggihna, kudrat mah geus ti heula, mungguh laku anu hirup, badan darma wawayangan.
Jang Saleh panuhun deui, dina unggal bada salat, nyuhunkeun sihing Yang Manon, upami teu aya kadar, bisa panggih di dunya, pamugi Nu Maha Agung, nepangkeun di alam baka.
Urang catur Ki Marhayi, lemburna di Balaindah, panyawahna Ujang Saleh, enggeus nangkep dua budak, sarta tuluy didakwa, ku lantaran maling lauk, tina kotakan sawahna.
Dua budak angon munding, munding bogana Pa Alha, bawahan desa Kulalet, Ki Marhayi gagancangan, ka Jang Saleh bebeja, neda supaya diurus, sangkan meunang panggantian.
Jang Saleh ti dinya indit, jeung Marhayi rek nepungan, ka Lurah desa Kulalet, teu kacatur di jalanna, ka bale desa datang, nyampak jalma geus ngariung, Lurah oge enggeus aya.
Eukeur diuk dina korsi, kumpul saponggawa desa, jrutulis pulisi lebe, tua-kampung uludesa, Jang Saleh enggeus datang, dibere korsi keur diuk, pahareup-hareup jeung lurah.
Lurah nanya ka Marhayi, ”Cing hempek geura carita, kumaha nu di maksud teh, pang maneh datang ka desa,” Marhayi pok ngajawab, ”Abdi baku saban taun, sok melak lauk di sawah.
Di mana geus rumpak jami, sawah teras dibalongan, dipambrih supaya lendo, sarta tuluy dipelakan, huripan lauk emas, mung abdi mah darma ngurus, nu kagungan mah Juragan.”