Kitu omongna Marhayi, nunjuk ku indung-leungeunna, bari nenjo ka Jang Saleh, Jang Saleh tuluy ngunggeukan, isarat tanda enya, Marhayi ti dinya terus, nuluykeun deui carita.
Barang di dinten kamari, balong ku abdi dilanglang, kalangkung nya matak kaget, nu sakotak saat pisan, beak ka lauk-laukna, sinareng katawis ledug, tapak jalma anu ngala.
Ku abdi tuluy ditungtik, gancang kenging katerangan, kasaksi ku bukti bae, ieu anu mareulina, ti eta dua budak, sadayana oge kumpul, jumlahna aya tujuhan.
Taya sanes maksad abdi, pang ngadeuheus ka Juragan, neda pangadilan bae, kumaha ieu saena, wireh kieu buktina, tangtos Juragan ge maphum, abdi teh karurugian.
MIJIL
Gancang Lurah mariksa jeung bengis, palatat-polotot, jeung tutunjuk ka dua budak teh, ”Naha enya sia geus maling,” budak dua ceurik, jawabna ”Sumuhun.”
Ceuk Mas Lurah, ”Ayeuna geus yakin, ieu anu nyolong, geus diaku ku ieu bangsat teh, tah kumaha karep Marhayi, naha rek badami, atawa rek terus.”
Ka Mas Lurah ngajawab Marhayi, ”Abdi teu rek awon, mun rempag mah panuhun abdi teh, entong terus mung bae abdi, nyuhunkeun pangganti, mangga bae itung.
Meuli anak lauk tilu ringgit, ongkos nambak balong, lima jalma digawe sapoe, lima ketip saurang kuli, limaan saringgit, jumlahna sapuluh.
Tah sakitu karugian abdi, nyuhunkeun digentos,” omong Lurah ”Mupakat dewek ge, estu bener pikir silaing, sangkan anu maling, teu kudu dihukum.
Sabab nimbang masih keneh leutik, tambah budak angon, anu tacan nyaho lampah hade, anu matak budak teh misti, baroga