Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/75

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

pangarti, sangkan ulah kitu.

Coba geura ku kabeh palikir, mungguh jalma bodo, susah pisan diparentahna teh, loba keneh anu teu ngarti, sanajan di distrik, sakola ngajentul.

Tapi keukeuh tacan bae ngarti, basana keur naon, anak make kudu sakola teh, mun diantep teu salah deui, moal aya hiji, jalma anu maksud.

Anu matak saban taun pasti, ku kula dipatok, dimistikeun sina sakola teh, dibelaan cape jeung pusing, sabab kula wajib, bubuhan nu ngurus.

Tah ayeuna anu boga wajib, nu kudu ngagentos, nya dunungan eta budak bae, Bapa Alha eta nu wajib, kudu gancang ganti, karugian batur.”

Bapa Alha ngajawab jeung keding, ”Abdi mah teu ngartos, yaktos abdi nu gaduh munding teh, tatapi da geus pasini, pangangonkeun munding, buruhna geus tangtu.

Saban taun ku pare sadacin, di mana geus motong, taun ieu buruhna geus beres, atuh abdi tinangtu rugi, mun kudu ngaganti, asa teu pupuguh.

Geura mangga ku Juragan galih, kuma mun ngaleos, munding abdi ditinggalkeun kabeh, tuluy bae manehna balik, rek kumaha abdi, mung ngalamot curuk.

Pendek bae ayeuna teh abdi, teu sanggup ngagentos, hanas eta lampah barudak teh, geus tetela manehna maling, keun sina dibui, supaya kaduhung.

Ka hareupna ulah deui-deui, sugan jadi kapok, kana maling manehna teu daek, jadi untung pikeun di ahir, ku pangwarah bui, salawasna emut.”

Eukeur kitu datang aki-aki, jeung nini ngarontok, ka sakit an ceurik ting darengek, bari ngarawu si Atim, ceurik bangun nyeri, mani tinggarukguk.

Nini-nini, reujeung aki-aki, bari ceurik ngomong, ”Aduh

58