Ujang naha milik maneh, ti leuleutik nyandang prihatin, euweuh nu miasih, henteu cara batur.
Najan boga keneh nini-aki, da puguh kokoro, bati ngenes bae jero hate, henteu banda teu boga duit, keur nebus anaking, tobat Gusti ampun.”
Lurah gancang mariksa ka aki, ”Kula hayang nyaho, incu Bapa budak nu ieu teh,” aki-aki ngawalon gasik, bari lengas-lengis, ”Nun sumuhun dawuh.”
Lurah terus mariksana deui, ”Kula hayang nyaho, kamarana indung-bapana teh, anu matak bet iklas teuing, budak masih leutik, dijurung buburuh.”
Aki-aki ngawalon jeung ceurik, ”Aki moal bohong, sayaktosna ieu pun incu teh, anu mawi ngaranna Atim, sasat enggeus yatim, teu bapa teu indung.
Bapana teh ngaranna Marjuki, tatapi ngaleos, waktu dina wewetengan keneh, pleng les bae teu dongkap deui, nepi ka kiwari, duka masih hirup.
Ari ngaran indungna Nyi Uki, pun anak pribados, eta oge bet nya kitu keneh, waktu leungit ieu si Atim, masih keneh leutik, umur opat taun.
Pleng les bae nepi ka kiwari, henteu embol-embol, anu mawi teu tahan abdi teh, jeung pun bojo nepi ka ceurik, tina banget watir, ka ieu pun incu.
MAGATRU
Ujang Saleh ngahuleng jeung renghap ranjug, mencrong ka Aki ka Nini, dipeleng barina tungkul, di teges-teges bet sidik, Jang Saleh mani rampohpoy.
Tina korsi gancang manehna teh turun, nyampeurkeun ka Bapa Uki, pokna ”Sugan Bapa wawuh, cing sidikkeun rupa kuring,” Bapa Uki teh olohok.