Rurat-reret ka handap sareng ka luhur, Ambu Uki kitu deui, kaget asa enggeus tepung, ngan waktuna poho deui, wantu watek nu geus kolot.
Komo-komo geus aya puluhna taun, najan sataun sok pangling, Bapa Uki estu bingung, kitu deui Ambu Uki, asa-asa rek pok ngomong.
Ujang Saleh ngomong deui tapi laun, ”Cing mangga sidikkeun kuring,” Bapa Uki teh ngaranjug, ngadenge sora teu pangling, sora minantu teu poho.
Ka bojona ngomong bari unggak-ingguk, ”Sorana mah asa sidik,” bojona gancang ngawangsuli, ”Enya kuring ge teu pangling,” tuluy deui dipalencrong.
Ambu Uki ngojengkang ngarontok gabrug, ”Geuning ieu Jang Marjuki,” Bapa Uki oge milu, ngarontok ka Jang Marjuki, ceurik bari ngararomong.
”Aduh Ujang mugi ka bapa ngama’lum, kawantu geus aki-aki, teu sangka satungtung buuk, jeung Ujang papanggih deui, bapa mah les bae poho.”
Ujang Saleh cumalimba pok ngawangsul, ”Sawangsulna diri kuring, ku Bapa kedah dima’lum, ku Ema pon kitu deui, rumaos kuring taledor.”
Atim tuluy ku Ujang Saleh dipangku, ”Deudeuh teuing anak aing, jeung bapa kakara tepung, nyaah teuing Ujang Atim,” Atim ngeluk bae jongjon.
Sakecap ge manehna henteu ngawangsul, anggur goak bae ceurik, Jang Saleh watir kalangkung, teu tahan pikirna sedih, nyurucud bijil cipanon.
Sadayana jalma-jalma anu kumpul, bengong euweuh anu muni, nanggap nu keur pagugulung, sarta reang pada ceurik, nu aya mah ngan hawatos.
Sanggeus lila Ujang Saleh tuluy nangtung, diuk deui dina korsi, Mas Lurah kakara wantun, nanyana semu nu sedih, ”Mamang teh banget teu ngartos.”