Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/78

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ujang Saleh kapaksa tuluy mihatur, ”Geus tangtos Mamang tingali, abdi teh geuning ka pungkur, aya anu ngambat maling, nya tuluy abdi ngaleos.

Usrak-asruk kawantu laku nu kabur, nya dongkap ka lembur suni, Pasirloa ngaran kampung, lembur kalingkung ku pasir, abdi teh kalangkung atoh.

Tuluy matuh jeung dikadar ku Yang Agung, gaduh bojo ka Nyi Uki, putrana ieu Ki Sepuh, abdi kenging tujuh sasih, tuluy ti dinya teh mios.

Unclang-anclong nya dongkap ka tanah Lampung, pagawean abdi kuli, pun bojo waktu dikantun, keur ngandeg geus genep sasih, abdi teh ka dalon-dalon.”

Ku Jang Saleh ka Mas Lurah dipihatur, sacarita Ki Alwasim, ditetek henteu kalarung, Mas Lurah gogodeg dikir, bari nyebut “Bet garelo.”

"Pantes pisan pun bojo nepi ka kabur, ka anak geus henteu nolih, ka indung-bapa pon kitu, geura mangga bae galih, bet ku asa abong-abong.

Ti harita ka ungga! tempat diasruk, tapi weleh teu kapanggih, liwat bulan liwat taun, bojo teu kapendak deui, duka hirup duka maot.

Ari ieu Ki Sepuh ku tina bingung, anak teu kapanggih deui, katempuhan ngurus incu, tuluy bae ararindit, rorompokna sareng kebon.

Cariosna dijualna digaridus, mya dipeser ku Alwasim, caritana teh pun sepuh, arek ka Patuha-Wati, urut ngumbara bareto.

Isukna teh tuluy ku abdi diburu, ka kontrak Patuha-Wati, nanging weleh teu katimu, sadayana nu karuli, henteu aya anu nyaho,

Tangtos pisan ku Mamang oge kama’lum, kabingungan diri abdi, abdi panasaran tuluy, ka unggal kontrak ngilari, weleh henteu kenging wartos.

61