Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/79

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ti dinya mah tuluy bae abdi wangsul, tina geus weleh ngilari, ngan nunuhun ka Yang Agung, pamugi-mugi di ahir, aya kadar bisa amprok.”

Bapa Uki ka Ujang Saleh cacatur, ”Yaktos omong Ki Alwasim, bapa harita wawadul, arek ka Patuha-Wati, estuna mah omong kosong.

Ku lantaran bapa teh kalangkung bingung, sajajalan bapa mikir, hate keukeuh hayang wangsul, ka bali geusan ngajadi, badan ngarasa geus kolot.

Nya di dieu ayana kabeh karuhun, tapi bapa geus nunggelis, kabeh dulur enggeus tumpur, paman bibi geus teu ngari, ngan kari suan jeung alo.

Kitu oge euweuh pisan anu mampuh, taya geusan titip diri, riung-riung kukurumpung, kulawargi sami miskin, si Atim buburuh ngangon.”

Tamat jilid kahiji.

62