Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/81

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

KINANTI

Pa Uki ngomongna terus, ”Bapa bungah taya tanding, tepang deui sareng ujang, anu teu nyangka saeutik, mungguh kabungahan bapa, ngan Allah anu tingali.”

Ambu Uki ge pok nyambung, ngomong bari jeba-jebi, ”Lah ujang ieu ema mah, rarasaan asa ngimpi, tepung deui sareng ujang, asa Uki henteu leungit.”

Ujang Saleh pok ngawangsul, ”Kuring ge nya kitu deui, geus teu aya papadana, kasuka kabungah ati, tepung jeung Bapa jeung Ema,jeung si Ujang komo deui.

Pamuga-muga ka payun, enggal kapendak Nyi Uki, ulah pegat nya neneda, nunuhun ka Maha Suci, muga-muga aya kadar, sarerea kumpul deui.

Ayeuna gaduh panuhun, ka Ema ka Bapa deui, disuhunkeun rido manah, kersa dibantun ku kuring, urang sarerea pindah, ka Manggahang lembur kuring.

Ku hayang riung-mungpulung, jeung Ema ulah patebih, sumeja mulang tarima, lantaran bareto geuning, Ema enggeus mikanyaah, waktu kuring keur prihatin.

Ayeuna aya pangestu, dikadar gaduh rejeki, dahar pake henteu sesah, wajib kudu males asih, ka Bapa sareng ka Ema meujeuhna nyirnakeun galih.

Lantaran bapa geus sepuh, teu kedah usaha deui, saniskara kaperluan, pamuga entong dipikir, tah kuring ieu buktina, anu nanggung beurang-peuting.”

Bapa Uki pok ngawangsul, "Bapa suka lilah teuing, kumaha pangersa ujang, tangtu sumerah nya diri, teu aya geusan kamelang, sanajan di lembur cicing.

65