Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/82

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Nu puguh mah wuwuh ripuh, ujang nu langkung tingali, taya pisan pakasaban, dahar ge ngandelkeun kuli, kitu ge mun pareng aya, jeung mun nuju cageur diri.

Narajang keur pareng suwung, pakulian henteu manggih, bapa mindeng ngongkrong pisan, sumawon mun bapa gering, taya sakalieun ubar, ngan wungkul nginuman cai.

Najan kaliung kasiput, ku nu kasebutkeun wargi, anak-anak kaponakan, taya keur nitipkeun diri, dapuguh pada walurat, keur dahar ngandelkeun kuli.

Lain teu watir ka incu, ku bapa geus diperedih, dititah sina usaha, nya buburuh ngangon munding, sangkan daharna teu kendat, kawatir bapa teh leungit.”

Jang Saleh ngan wungkul ingguk, ngupingkeun omong Pa Uki, nambahan hate kagagas, rusras inget ka Nyi Uki, dicipta lamun kapendak, cacap kabungahan ati.

Cek Jang Saleh ”Atuh nuhun, mun Bapa kitu panggalih,” tuluy Jang Saleh harita, ka Lurah nyarita deui, ”Ayeuna sadaya-daya, kieu ku panuhun abdi.

Ieu perkawis tong tulus, ku abdi dicabut deui,” Mas Lurah gancang ngajawab, "Mamang rempug liwat saking, sakumaha maksud Ujang, ieu perkawis teu jadi.

Mamang teh kaget kalangkung, saumur kakara nguping, nu cara lalakon Ujang, mana aneh-aneh teuing, ayeuna mah enggal candak, mertua jeung ujang Atim.

Jeung mamang ngiring sumambung, ku pandunga beurang-peuting, muga-muga tuang garwa, sing enggal kapendak deui,” jawab Saleh ”Nuhun pisan, pandunga mamang katampi.”

Catur harita geus tutup, kabeh jalma geus arindit, bubaran ti bale desa, Ujang Saleh jeung|Marhaji, merelukeun nyimpang heula, ka imahna Bapa Uki.

Sapanjang jalan teu kantun, Ujang Saleh nungtun Atim, sarta teu ngarasa era,pedah nungtun budak busil, kalotor jeung kucel

66