pisan, pakena ge rubag-rabig.
Nu puguh ngarasa untung, reh anak enggeus kapanggih, ragrag rasa kabatinan, tepung jeung getih pribadi, begang ketang asa gandang, rudin rujit asa manis.
Kabungahan deui wuwuh, reh inget teu aya takdir, ti bojona nu ayeuna, rangkep lima taun leuwih, taya kadar boga anak, pikeun pangbubungah ati.
Di jalan henteu kacatur, ka imah Pa Uki nepi, imah leutik dua rohang, nyempil dina sisi gawir, tukangeun imah alona, anu ngaran Bapa Lamsih.
Bapa Lamsih gancang muru, Ambu Lamsih kitu deui, manehna kageteun pisan, aya semah anu ginding, kari-kari Pa Urkiah, incuna didakwa maling.
Bapa Uki pok cacatur, ka Bapa jeung Ambu Lamsih, ”Emang teh untung kacida, poe ieu geus ditakdir, bisi silaing can terang, tah ieu bapana Atim.”
Ti dinya Pa Uki tuluy, nyaritakeun lampah tadi, keur di bale desa tea, ditetek taya nu kari, sagala laku-lampahna, olohok bae Pa Lamsih.
Ku ujang Saleh disambung, ”Ayeuna teh maksud kuring, Bapa Ema rek dibawa, parindah ka lembur kuring, diteda ridona Mamang, kitu deui rido Bibi.”
Cek Pa Lamsih ”Atuh nuhun, da puguh di lebah abdi, ka kolot sanes teu nyaah, Ujang ge langkung tingali, da geuning kieu buktina, kaayaan diri abdi.”
Ceuk Jang Saleh ”Atuh sukur, ku kuring enggeus kakuping, karidoan manah Emang, ayeuna ku maksud kuring, pindahna Bapa jeung Ema, engke dina poe Kemis.
Ari maneh kudu tuluy,” cek Jang Saleh ka Marhayi, ”ka pasar kudu balanja, demi nu kudu dibeuli, papakean keur mitoha, kitu deui eukeur Atim.