Milihan masingna surup, sumawon keur pake Atim, heh ieu duit tampanan,” tuluy nampanan Marhayi, salambar uang keretas, pangaji sapuluh ringgit.
Tuluy deui ngodok saku, muka loket nyokot duit, ka Pa Uki lima perak, saringgit ka Bapa Lamsih, pokna teh ieu lumayan, tilam sono ti sim kuring.
Barang badami geus tutup, Ujang Saleh tuluy balik, Marhayi gancang ka pasar, tuluy bae barangbeuli, saniskara kaperluan, geus lengkep kakara balik.
Jang Saleh deui kacatur, ka imahna enggeus nepi, harita geus burit pisan, jeung bojona geus papanggih, Nyi Aminah tuluy nanya, ”Naha akang lami teuing.”
DANGDANGGULA
Nyi Aminah melang liwat saking, reh salaki sakitu lilana, ti isuk datang ka sore, inggis manggih pakewuh, ku lantaran nu matak indit, nya eta rek ngadakwa, anu maling lauk, anu matak gancang nanya, "Naha Akang mana lami-lami teuing, abdi melang kacida.
Kasieun teh mendakan balai, ku lantaran Akang rek perkara,” Jang Saleh gancang ngawalon, ”Ku akang geus kama'lum, tangtu hate Nyai hawatir, geus moal boa melang, lantaran ti isuk, wayah kieu karek datang, bener pisan akang teh manggih rerepit, perkara gede pisan.
Tatapina ayeuna teu wani, ngadadarkeun kasusahan akang, ku kasieun awak maneh, henteu kuat nya nanggung, kabingungan pikir salaki, jadi nambahan susah, tah eta sakitu, anu matak saenyana, rek popoyan ka Enah teh henteu wani, inggis Enah teu tahan.
Nyi Aminah ngawalonan gasik, ”Mun kitu mah eta manah salah, ku abdi henteu kahartos, Akang manggih kabingung, tata-