Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/85

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

pina dibuni-buni, bangun moal rek wakca, jadi lamun kitu, kaliru kabina-bina, ka abdi teh masih cangcaya nya galih, sasat henteu percaya.

Kapan lumrah anu laki-rabi, lamun estu setya pada setya, biasa sok bruk-brak bae, tara dibuni bau, di awewe boh di lalaki, tara ngandung rasiah, sabab geus kawengku, ku kecap rarabi tea, suka-duka sapapait samamanis, sabagja sacilaka.

Jadi mungguh pikeun diri abdi, lamun akang teu keresa wakca, kacida teu raosna teh, gaduh pikir timburu, pangabakti henteu katampi, tur abdi kumawula, leuwih lima taun, sarta teu pisan rumasa, ka Akang teh nyieun laku nu teu uni, salingkuh jeung tiktikan.

Tah ayeuna ku panuhun abdi, lamun enya henteu pasalia, Akang taya manah serong, abdi sanget panuhun, kasesah teh ulang dipinding, suganna malakmandar, abdi bisa nulung,” Jang Saleh gancang ngajawab, ”Atuh sukur mun Enah kitu nya pikir, akang percaya pisan.

Ku lantaran ieu teu karepit, taya deui ku timbangan akang, kajaba ti awak maneh, nu pibisaeun nulung, moal aya buntutna deui,” Nyi Aminah ngajawab. ”Atuh kilang kitu, mangga bae ayeuna mah, mugi enggal dadarkeun sama sakali, supaya abdi terang.”

Tidinya mah teu talangke deui, Ujang Saleh pok bae carita, didadar kabeh lalakon, tina mimiti kabur, ku lantaran diam bat maling, nya nepi ka harita, jeung anak patepung, kitu deui jeung mitoha, sarta maksud pageto di poe Kemis, kabeh rek dirawatan.

Salilana Jang Saleh ngecewis, ngadadarkeun lalampahanana, Aminah olohok bae, tina kaget kalangkung, taya deui anu dipikir tas ka diri sorangan, lamun pareng kitu, ngomong di jero atina, mun kitu mah aing teu ngabibisani pantes arek bingungna.

Kainggisna sieun diri aing, ka maksudna henteu ngarempugan, piraku aing teh gelo, karep salaki kitu, estu cocog jeung pikir aing, tanda kajelemaan, bener kudu kitu, kanyaah bapa ka anak, paribasa najan dipegat ku pasir, moal beunang dihalang.

69