Nyi Aminah ngomong lengas-lengis, "Masa Allah henteu nya na pisan, kitu lalakon Akang teh, abdi ngangres kalangkung, bet ras bae ka diri abdi, kumaha teuing rasa, lamun pareng kitu, ayeuna untung kacida, tuang putra tetela enggeus kapanggih, sarta jeung salametna.
Akang ulah salempang panggalih, pedah abdi aya kasebatna, ka si Ujang anak tere, sumpah ka Maha Agung, hate abdi mo robah deui, tetep nya ngaku anak, moal arek palsu, peupeuriheun taya kadar, abdi gaduh anak sakieu geus lami, tayohna baris hapa.
Abdi bae anu bade indit, dinten isuk rek ngala si Ujang, moal nitah anu sanes, ku abdi nu dimaksud, rek dibantun sama sakali, Akina jeung Ninina, eta leuwih perlu, sababna nu kahesean, nu miara ka si Ujang ti leuleutik, nepikeun ka ayeuna.
Urang wajib pisan males budi, kudu tembong panarima urang, katambah kapan eta teh, ceuk Akang geus sarepuh, turug-turug mitoha deuih, urang nu kawajiban, ngarawat jeung ngurus, cukupkeun sandang-panganna, sumawonna tempat geusana caralik, sangkan sirna merdika.
Turug-turug kapan diri abdi, waktu ieu enggeus nunggul-pinang, indung-bapa geus maraot, ka saha nya nyalindung, titip diri teu aya deui, salian ti ka Akang, abdi raos untung, bakal dipaparin anak, kitu deui indung-bapa rek kaganti, nya ku mertua Akang.
Ujang Saleh kalangkung nya sedih, ngadengekeun omong Nyi Aminah, datang ka medal cipanon, tina banget kayungyun, pokna ”Aduh teu nyana teuing, kitu pikiran Enah, sarta henteu palsu, tadina akang salempang, sabab lumrah mungguh perwateking istri, loba nu teu narima.
Kana kudrat Gusti Maha Suci, sumawonna lamun dipasrahan, nu kasebat anak tere, lamunna teu panuju, ka salaki sok murang-maring, nyieun pucuk ti girang, napsuna ngaberung, teu tolih dikamulyaan, taya deui pakarangna menta balik, basana ”geus teu betah,”
Ayeuna mah teu salempang deui, si Ujang teh sarawuh mito-