Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/87

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ha, akang sumerah ka maneh, ngan ulah poe isuk, engke bae di poe Kemis, eta teh beunang ngetang, nuju waktu alus, isuk mah sasadiaan, nyadiakeun susuguh keur poe Kemis, bareng jeung hajat nadar.

Ayeuna mah hayu urang indit, ngadeuheusan ka Ibu jeung Mama, ngunjukkeun ieu lalakon,” tuluy bae tarurun, ti imahna sarta geus nepi, kasampak keur araya, caralik ngariung, Jang Saleh tuluy unjukan, lalampahan ditetek taya nu Kari, saperti ka Aminah.

MASKUMAMBANG

Haji Yusup sumawonna Nyai Haji, pada cumalimba, ngangres dina jero ati, nguping lalakon putrana.

Cek Nyi Haji ”Aduh Ujang nyaah teuing, eta incu ema, moal sina lila deui, ku ibu rek dirawatan.”

Nyi Aminah gancang ngomong ka Nyi Haji, ”Ibu yaktos pisan, abdi teh ngaraos watir, malah geus nyanggem ka putra.

Tadina mah dinten enjing bade indit, ngarawat si Ujang, malahan ku maksad abdi, sakalian rek dirawat.

Eyangna ge duanana moal kari, supaya parindah, bade diurus sakali, ulah nepi ka balangsak.”

Cek Nyi Haji ”Sukur pisan atuh Nyai, mun kitu pikiran, jeung ibu rempug teh teuing, hayu urang gancang teang.”

Nyi Aminah ka Nyi Haji ngomong deui, ”Tapi saur putra, kedah dina dinten Kemis, margi prantos kenging ngetang.”

Tuluy bae harita gancang badami, cacawis keur hajat, kasedihan enggeus leungit, wungkul bungah anu aya.

Kacaturkeun barang dina poe Kemis, juljol pada datang, wargi nu caket nu tebih, anu pada dibejaan.

Di imahna Ujang Saleh heurin usik, kajaba wargina, tatang-

71