gana kitu deui, kumpul pada hayang terang.
Henteu lami anu caralik di bumi, rabul ka jaralan, sabab pada ngararuping, sora pecut patembalan.
Netelakeun anu mapag geus sarumping, ngaleut tutumpakan, dokar balon sareng bendi, kawas pisan nu helaran.
Pangheulana Nyi Aminah jeung Nyi Haji, tumpak dina kahar, ngahapit ka Ujang Atim, anu beunang ngadangdanan.
Ari Ambu Uki reujeung Bapa Uki, ngarendeng diukna, beunang ngatur dina bendi, anu dibuka tendana.
Barang eureun sakabeh jalma pabuis, reh paheula-heula, pada mangku Ujang Atim, diturunkeun tina dokar.
Bapa Uki sumawonna Ambu Uki, pada nyarekelan, waktu turun tina bendi, Haji Yusup anu mapag.
Jalma-jalma pada ngomong ting kecewis, ”Ih geuning tetela, itu rupa murangkalih, bet nyeples pisan ramana.”
Barang kabeh jalma enggeus mernah deui, sursor susuguhna, ambengan leuwih peryogi, kawantu di anu kaya.
Ujang Saleh ka kabeh jalma permisi, memeh prak taruang, diteda ridona galih, rek ngadadar lalakonna.
Jalma-jalma jep kabeh pada jarempling, lir gaang katincak, Jang Saleh pok ngomong deui, nyarita ti mimitina.
Gemet pisan ditetek taya nu kari, barang enggeus tamat, reang jalma anu muji, nyarebut ”Alhamdulillah.”
Mas Patinggi nangtung jeung neda permisi, "Eyang kawakilan, ku sadaya nu sarumping, bubuhan nu pangkolotna.
Sujud sukur ka Gusti Nu Maha Suci, wireh tuang putra, ayeuna enggeus kapanggih, sinareng kasalametan.
Wates ieu leungit sagala prihatin, lara jeung balangsak, ulah rek kapanggih deui, kari mulus rahayuna.
Reh anjeun teh teu kagungan putra deui, ngan hiji-hijina,