buktina ieu Jang Atim, nu pikeun pangbungah manah.”
Sanggeus kitu gancang ngadoa Ki Amil, doa enggeus tamat, tuluy awewe-lalaki, brak dahar balakecrakan.
Poe eta sadayana wargi-wargi, taya anu ingkah, datang ka nepi ka magrib, sono ka nu anyar datang.
Pucung
Bapa Uki ayeuna anu kacatur, sarawuh bojona, hirup ngahenang-ngahening, dahar pake henteu pisan kakurangan.
Ujang Saleh bojona oge nyakitu, kacida ngurusna, ka Bapa jeung Ambu Uki, dimulyakeun cara ka kolot sorangan.
Diimahan ngahaja gigireun tajug, sangkan tumaninah, pulang-antingna ka cai, sarta jongjon di ajar kana ibadah.
Unggal poe taya gawena nu tangtu, ngan wungkul ibadah, saban waktu ka masigit, suka-betah teu aya pikir hariwang.
Beuki lila katara awakna lintuh, sarta sehat pisan, katambah-tambah beresih, ku lantaran dahar pake henteu kurang.
Ti harita tara ngarit tara macul, lantaran dicaram, ku Jang Saleh henteu idin, tamba kesel ngan sasapu di buruan.
Kitu oge henteu weleh sampat-sumput, da teu pisan meunang, lamun kapanggih sok pusing, murang-maring ka badega anu aya.
Ujang Atim ayeuna anu kacatur, geus asup sakola, ku Jang Saleh diperedih, ku lantaran geus sedeng pisan umurna.
Ka sakola Banjarsari nagri Bandung, nganjrek di pamanna, dulur misan Ujang Saleh, sangkan bisa ngajaga salalawasna.
Ujang Atim estuning matak kayungyun, dina sakolana, cepet bener sarta rajin, salawasna teu aya carekeunana.
Ku guruna teu weleh dipikalucu, dijieun tuladan, ka sakabeh