murid-murid, laku-lampah Atim kudu diturutan.
Ku lantaran Atim budak anu suhud, dina sakolana, saban taun bisa naek, opat taun lilana enggeus kaluar.
Ngan hanjakal waktu rek sakola guru, dina eksamenna, Ujang Atim euweuh milik, teu kaasup ka budak anu mareunang.
Sanajanna waktu eksamenna lapur, tapi ku guruna, rempug reujeung Ujang Saleh, di sakola Cibadak sina ngamagang.
Sugan bae aya kadar jadi guru, sabab harita mah, saban taun enggeus pasti, ku Pangagung diayakeun eksamenan.
Kacaturkeun ngamagangna geus sataun, Jang Atim dikadar, meunang samen kewikeling, heuleut opat bulan ti waktu harita.
Manehna teh dikersakeun ku Pangagung, dina bisluitna, benum jadi kewikeling, di sakola bawahan Tasikmalaya.
Ujang Saleh bungahna kaliwat langkung, angot Nyi Aminah, reh ayeuna Ujang Atim, aya kadar dikersakeun jadi pangkat.
Ngan akina nya eta Mas Haji Yusup, sarawuh bojona, gawena ngan rawah riwih, tina sabab. jeung incu baKal paanggang.
Moal bisa tepung dina saban minggu, ari di Bandung mah, saban Saptu osok balik, sok ngahaja dipapagkeun ti Manggahang.
Ayeuna mah geus tangtu langka patepung, tina marga anggang, mun lain dina pakanci, kitu oge ngan ukur bulan Puasa.
Henteu weleh ku Ujang Saleh diwujuk, hantem dilelejar, Ibu-rama hegar deui, suka bungah sapedah eta incuna.
Najan jauh da kersana nu ti payun, teu matak hariwang, ngumbara mawa bisluit, tangtu pisan di dituna aya harga.
Kacaturkeun Jang Atim jadina guru, di Tasikmalaya, satahun satengah leuwih, lulus mulus taya pisan kuciwana.
Enggeus milu samen kana gurubantu, sarta pareng meunang, jadi kari tunggu deui, kana jejeg dines dina wekling eta.
Sabab nurut aturan anu geus tangtu, dina kewikling mah, dua taun any pasti, najan samen gurubantu enggeus meunang.