Lamun dina wekling enggeus dua taun, kakara diangkat, jadi tetela Jang Atim, kana benum nunggu keneh genep bulan.
Barang dina meneran pakanci Mulud, Atim teh ngahaja, perlop perlu arek balik, reh bapana aya pamaksudanana.
Jeung indungna dina bulan Silihmulud, maksud arek jarah, arindit marunggah haji, ngalakonan rukun Islam nu kalima.
Ibu-rama ka Ujang Atim wuwuruk, omong Nyi Aminah, “Ujang mangka ati-ati, masing bisa titip diri sangsang badan.
Ku lantaran ayeuna ama jeung ibu, maksud arek jarah, lilana sawelas sasih, tah sakitu Ujang jeung Ibu papisah.
Mun dipareng Ujang teh pinanggih untung, dina bulan Sawal, geuning ceuk Ujang kamari, meureun bisa benum gurubantu tea.
Anu pasti teu aya mama jeung ibu, Ujang sing tawekal, tatapi ibu teh jangji, Ujang ulah waka boga pamajikan.
Engke bae lamun enggeus datang ibu, ”Jang Atim ngajawab, ”Abdi henteu wantun bae, gaduh bojo lamun Ibu henteu aya.
ASMARANDANA
Sinareng panuhun abdi, ka Ibu miwah ka Mama, nyuhunkeun pandua bae, salami abdi di tilar, mugi-mugi diganjar, ku Gusti Nu Maha Agung, wilujeng sapapaosna.
Sareng mugi-mugi deui, dina sasih Sawal tea, benuman abdi teu geseh, jadi gurubantu tea, kenging tempat nungeunah, nuhun-nuhun ge di Bandung, atanapi Ciparay.
Sawangsulna menggah abdi, siang-wengi moal pegat, muntang ka Gusti Murbengreh, muga Ibu sareng Mama, salamina jararah, kenging nugraha Yang Agung, lulus mulus sapaosna.”
Gancangna anu digurit, geus nepi kana waktuna, Ujang Saleh tuluy mios, kadua Nyai Aminah, ngabrul anu jarajap, aya nu nepi ka Tanjung, nyaksi hanjatna ka kapal.