Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/92

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Nu jarajap geus baralik, mulang ka lembur-lemburna, ganti anu kacarios, kocap Ujang Atim tea, anu eukeur ngumbara, pakanci Puasa wangsul, ka lemburna di Manggahang.

Haji Yusup jeung Nyi Haji, bungahna tanpa wilangan, pagugulung jeung incu teh, sajero bulan Puasa, dianteur sakarepna, kawantu jelema cukup, incu ngan hiji-hijina.

Ambu Uki Bapa Uki, ari tepung jeung incuna, teu kendat bijil cipanon, rusras inget ka anakna, indungna Atim tea, dicipta lamun seug kumpul, sok tada teuing bungahna.

Memeh sare Ambu Uki, sok ngomong ka salakina, ”Aki ayeuna urang teh, ngarasa senang kacida, sandang pangan teu kurang, nu jadi lantaran incu, nu nyait lara balangsak.

Ngan pikir teu weleh ngait, inget ka indung si Ujang, dipoho-poho teu poho, kumolebat dina mata, mindeng kuring rumejag, lantaran paningal palsu,puguh jalma anu lian.

Taksiran kuring Nyi Uki, mun manehna masih aya, sarta diparengkeun amprok, papanggih reujeung si Ujang, manehna moal nyangka, boga anak rupa kitu, teu beda jeung legeg menak.

Cing kumaha pikir Aki, naha Uki masih aya, atawana enggeus maot,” Pa Uki gancang ngajawab, ”Ah teu nyaho kami mah, henteu ngaji elmu nujum, sabab dicegah ku sara.

Ayeuna pamenta kami, perkara Nyai Urkiah, entong dipiinget bae, da enggeus kitu buktina, iklas ninggalkeun urang, tapina papada kitu, ulah weleh urang muntang.

Ka Gusti Rabulalamin, samemeh nepi ka ajal, muga dikadarkeun bae, papanggih heula jeung anak, tapi lamun geus ajal, pamuga Nu Maha Agung, ngampura kabeh dosana.

Geura heg ku Nini pikir, pang urang dipareng senang, anu jadi sababna teh, kacicingan ku anakna, nya eta incu urang, atuh nya beunang disebut, batinna mah Nyi Urkiah.

Coba mun lebah Nyi Uki, dipareng teu boga anak, sarta manehna ngaleos, urang teh taya jalanna, pikeun manggih

76