Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/93

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

yan, tangtu hirup wuwuh ripuh, geus kolot tambah balangsak.

Jadi ku pamikir kami, mun ngingetkeun kabatinan, perkara anak urang teh, gede pamulang tambana, lahirna nya anakna, tempo urang geus raripuh,geuning manggih kasenangan.

Ayeuna timbangan kami, entong sok loba codeka, ibadah bae sing jongjon, bakti ka Gusti Nu Mulya, nuhun kapangersana, hirup kantun nunggu umur, ajal anu bakal datang.”

Gancanging anu digurit, barang di bulan Puasa, meneran tanggal salawe, Ujang Atim enggeus nampa, bisluitna angkatan, benum jadi gurubantu, pindah ti Tasikmalaya.

Ka afdeling Sukabumi, barang tanggal genep Sawal, Ujang Atim enggeus mios, harita nu terus jajap, jumlahna ngan tiluan, Nyi Haji jeung Haji Yusup, katilu pikeun rencangna.

Sanggeus meunang tilu peuting, Haji Yusup gancang mulang. kadua bojona bae, ari Jang Atim harita, teu acan meunang imah, nganjrek di sasama guru, batur guru sasakola.

SINOM

Kocapkeun bae gancangna, bulan Sapar tanggal hiji, pangeusi Kampung Babakan, kitu deui anu tebih, anu kasebut wargi, di imah Jang Saleh kumpul, sabab dipoe eta, anu jarah baris sumping, di Batawi geus tilu peuting lilana.

Barang kira wanci Asar, hibut awewe-lalaki, pada lalumpat ka jalan, reuteum naleukeuman kikis, Jang Saleh enggeus sumping, barang manehna jut turun, hibut anu munjungan, tapi kaget liwat saking, reh ditingal Nyi Aminah henteu aya.

Jang Saleh gancang munjungan, ka Rama ka Ibu deui, ngarawu sampeanana, bari ngomong lengas-lengis, "Ibu mugi tingali, Nyi Enah di ditu payu, waktos wangsul ti Arpah,” koceak Nyi Haji ceurik, jejeritan bari teu eureun midangdam.

”Aduh Gusti henteu nyana, bet kitu pasti si Nyai, henteu

77