bisa deui mulang, pastina di tanah suci,” barang sadaya nguping, ger anu ceurik ngaguruh, kabeh wargi-wargina, Bapa Uki Ambu Uki, ceurikna teh alah batan anu rea.
Antara sapanyeupahan, geus jempe anu careurik, ngan kantun pating aringhak, sedih geus paler saeutik, tatamu jeung pribumi, ger bae tuang ngariung, ngaromong patembalan, adat biasa sasari, sosonoan jeung anu datang ti Mekah.
Kacaritakeun putrana, nu aya di Sukabumi, nya eta Jang Atim tea, harita kakara sumping, pikirna langkung sedih, reh Ibu kawalon pupus, anu teu asa-asa, asa ka indung pribadi, tuluy munjung ka rama jeung cumalimba.
Haji Saleh henteu tahan, barang ka putra ningali, merebey bijil cisoca, sedihna kagugat deui, sasauran ngalengis, "Ujang geus kersa Yang Agung, kadar tulisan Ujang, Ibu teh teu balik deui, pupusna teh keur waktu balik ti Arpah.
Mama estu pasrah pisan, narima ka titis-tulis, kulak canggeum awak mama, reujeung kadar Ujang deui, ku Ibu teu kasaksi, Ujang jadi gurubantu, banget pamenta mama, maneh ulah leutik ati, ku lantaran ayeuna geus teu ibuan.”
Atim ngagukguk ceurikna, pokna ”Abdi nyeri peurih, nanging nuhun rebu laksa, reh Mama kitu panggalih, kawitna abdi risi, bok bilih Mama kaliru, leungit laku utama, mungkir ka kersa Yang Widi, katibanan tunggara henteu narima.
Abdi teh percanten pisan, saliring laku di lahir, kawengku ku tutulisan, kudrat Gusti Maha Suci, sakabeh usik malik, teu ingkar kudrat Yang Agung, badan darma lumampah, lepat lamun ati mungkir, teu rumaos yen badan teh wawayangan.
Abdi kalintang tugenah, nalangsa sedih prihatin, ku jalaran Ibu wapat, kawuwuh acan tingali, abdi di Sukabumi, tur geus benum gurubantu, tada teuing manahna, sugema lamun tingali, ka putrana anu enggeus cumarita.”
Haji Saleh cumalimba, ngadenge carita Atim, puguh ari kitu temah, kokolot-begogna sidik, ngan jiga nu keur ngaji, bangun anu