Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/95

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

keur guguru, jeg sakurang-kurangna, nuju nyobat jeung kiai, nilik dina carita jeung santri anyar.

Manehna gancang ngajawab, "Ku mama estu kaharti, bener pisan omong Ujang, sukur Ujang enggeus ngarti,” Jang Atim ngomong deui, "Seja nyanggakeun bebendu, manawi karempagan, sanget ku panuhun abdi, muga Mama ulah lami dududaan.

Enggalkeun kagungan garwa, margi ku emutan abdi, saperkawis di abdina, hayang gaduh indung deui, dupi kalih perkawis, sangkan jadi panglilipur, ka abdi sareng Mama, dupi katilu perkawis, tuang-leueut puguh anu ngahadepan.”

Rama ka putra ngajawab, "Bener ku mama kaharti, sakumaha karep Ujang, kudu gancang boga deui, tapi ke rek dipikir, moal arek gurung-gusuh, sabab goreng kacida, mun mama kurang pamilih, sieun jadi henteu lulus di ahirna.

Kieu pamenta mama mah, lantaran Ujang geus bukti, leutik-leutik oge pangkat, kudu geura mikir-mikir, gancang geura rarabi, sabab pikir mama paur, kawantu anu ngora, sok sieun kausap iblis, anu matak jadi cacad kana awak.

Mangkaning aya di kota, mama henteu weleh risi, sok sieun nyorang pitenah, malum di jaman kiwari, ka pangkat najan leutik, sok rea jalma nu hasud, cing mama arek nanya, naha Ujang enggeus manggih, tetenjoan nu cocog jeung lelembutan.”

Ujang Atim rada pias, atoh pacampur jeung isin, atohna bet meunang jalan, henteu kudu sindir-sampir, jadi mo susah deui, sakur anu geus dikemu, bisa wakca balaka, ari anu jadi isin, tetenggoran ari negtog ka sorangan.

Ti dinya gancang ngajawab, "Pamarios geus kakuping, sinarengan kaleresan, ayeuna baing jeung Nini, di dieu eukeur linggih, sadaya nuju karumpul, abdi bade unjukan, manawina aya widi, karempagan ku sepuh-sepuh sadaya.

Abdi teh geus lima bulan, ngumbara di Sukabumi, ngaraos henteu sugema, jalaran abdi nunggelis, taya batur badami, sareng teu aya nu ngurus, teda sadidintenna, kajaba ti ku pun Arpin,

79