gaduh damel imah-imah bubujangan.
Yaktosna parantos mendak, anu cocog sareng pikir, sarta urang dinya pisan, bibit-buit Sukabumi, putra Juragan Haji, kakasihna Haji Mamur, eta teh geus kawentar, di sajero Sukabumi, keur beunghar teh golongan bangsa santana.
Ari jenengan putrana, wireh prantos jadi haji, Nyi Haji Siti Sumekar, nenehna mah Eneng Haji, awakna jangkung leutik, umur limawelas taun, jadi masih parawan, ari nilik dina rupi, sedeng bae babad pikeun ka abdi mah.
Rumaos abdi teh lancang, ka Nini sareng ka Baing, teu nyarios ti anggalna, sayaktosna pisan abdi, nanyaan geus ditampi, amung tempo sasih Mulud, pikeun waktuna nikah, nya eta ngantosan sumping, Ibu-Mama nu nuju jarah ka Mekah.
Tah eta sadaya-daya, geus rumaos lepat abdi, jadi cindekna ayeuna, sakadar unjuk tingali, sareng nyuhunkeun widi, mugi sadaya ngajurung, wirehing mung ka dinya, anu cocog sareng pikir, malakmandar ngabungahkeun galih sepah.
DANGDANGGULA
Tina margi karasa ku abdi, ageng pisan kasaeanana, menggah Mang Haji Mamur teh, malahan abdi matuh, nyewa bumi anu Mang Haji, tilu perak sabulan, nanging saur wungkul, da buktina unggal bulan, nyanggakeun ge ku anjeunna teu ditampi, saurna ngeunah pisan.
”Mama reujeung ibu lilah teuing, eta imah henteu kudu nyewa, sumangga calikan bae, mama teh enggeus cukup, kahirupan anu mirilik, tina sewaan imah, leuwih ti saratus, sabab lamun henteu salah, imah anu disewakeun lima siki, toko dua suhunan.
Haji Yusup sinareng Nyi Haji, suka bungah ngadangu putuna, capetang bisa carios, Haji Saleh ge kitu, mencrong bae barina seuri, kayungyun ku putrana, panemuna luhur, enggeus bener