pamilihna, ari Bapa Uki reujeung Ambu Uki, henteu weleh ngalimba.
Haji Saleh ka putra ngalahir, ”Sukur pisan Ujang mun kitu mah, geura pek tangtukeun bae, mama memang panuju, enggeus entong ngengkekeun deui, jeung pikeun babawaan, tong dipake bingung, mama jeung Eyang sipatna, kitu deui urang mawa bae duit, supaya henteu riba.
Haji Saleh ka Ibu ngalirik, ku ibuna gancang kamaphumna, tuluy ngomong Nyi Haji teh, ”Bener Ujang nya kitu, entong mikir keur baris kawin, ku Eyang dibahanan, duit opat ratus, mo era kira-kirana,” Haji Saleh ka Ibuna ngomong deui, ”Utamina mah lima.”
Cek Nyi Haji "Bener cek Ki Haji, sangkan urang teu era ku besan, mawa lima ratus bae, reujeung kahayang ibu, nu nganteurkeun kudu, Ki Haji, marengan ka si Ujang, jeung terus barempug, di poe naon hadena, masing asak henteu borong Ki Haji, kari kumaha dinya.”
Haji Saleh ”Henteu lepat deui, saur Ibu eta yaktos pisan, abdi tangtos anu mios,” gancangna nu dicatur, Haji Saleh parantos indit, nyarengan ka putrana, maksud rek barempug, tilu poe ti harita, Haji Saleh gurudag geus datang deui, popoyan ka ibuna.
Manehna teh nyarita ngecewis, saniskara papanggihanana, kieu omong Haji Saleh, "Abdi mios ti Bandung, tumpak kana kareta api, mios tabuh dalapan, dongkap tabuh tilu, imah anu dicicingan, ku si Ujang sae sinarengan resik, tur gedena meujeuhna.
Bada Magrib abdi tuluy indit, leumpang bae kadua pun anak, di jalan ki guru ngomong, ”Tuh Mama gedong itu, bumina teh Juragan Haji,” Abdi kaget kacida, ningal gedong alus, dina palataranana, resik pisan, pot-pot kembangna ngabaris, cara gedong Walanda.
Barang gok teh abdi jeung pribumi, pangangkenna utami kacida, istri pameget gerecek, nyaur dibarung imut, kawas lain nu anyar panggih, nyandak diuk satata, teu kersa pajauh, dina alketip nu rubak, siligenti pameget sinareng istri, gepyak nyandak carita.