Sareng budi anu langkung manis, tata sareng basana merenah, nyebat ”Ayi” ka abdi teh, wireh geus rada sepuh, langkung kolot ti batan abdi, tapi ari abdi mah, hate henteu wantun, ka anjeunna nyebat akang, lamun nyebat ka pameget boh ka istri, make basa juragan.
Susuguhna estu matak isin, eusi keler sareng pamasangan, asana teh model kabeh, nu ngasongkeun susuguh, geus kataksir bae ku abdi, budak eukeur meujeuhna, manis sarta ampuh, nya piminantueun urang, dina songna teu aya kaku saeutik, rintih teu tinggal tata.
Lami-lami kataksir ku abdi, pribumi teh semu nu ngantosan, kana samaksud abdi teh, nembe abdi mihatur, pondokna mah teu aya deui, seja nyanggakeun anak, reh maksudna kitu, ku abdi estu didadar, sanes pisan kumawani mapadani, mung tina sanget maksad.
Pun anak teh ka putra Neng Haji, yaktos pisan masih kariungan, Bapa Aki aya keneh, nanging ngan wungkul jentul, henteu aya keur baris tawis, mikanyaah ka anak, wantu nu teu gaduh, cek abdi sadaya-daya, siang-wengi abdi seja pisan ngiring, kana kersa juragan.
Pribumi teh gancangna ngalahir, "Aduh Ayi eta nuhun pisan, ngan sakitu nu diantos, ku akang ti kapungkur, nu dicileuk teu aya deui, hayang geura laksana, kabul nu dimaksud, reh akang ka tuang putra, ti kapungkur geus asa anak pribadi, estu teu asa-asa.
Tuang putra bet nyakitu deui, sumawonna ka ieu aceukna, kawas ka ibuna bae, cacakan mun ka pungkur, ayi henteu nuju keur sepi, akang teh geus lugina, salse sakur maksud, akang kacida keselna, mani keuheul Ayi hayang geura sumping, sinareng salametna.
Tah ayeuna ku margi geus sumping, sarta Ayi geuning rido manah, akang teh kalangkung bae, bingahna sagugunung, tuang putra estu katampi, sareng waktuna nikah, mangga urang itung, upami jeung Ayi rempag, hayang nuju dina eukeur terang sasih,