Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nu Kaleungitan Caroge.pdf/99

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

di tanggal opatwelas.

Maksud akang henteu aya deui, rek nembongkeun kanyaah ka anak, sukan-sukan masing rame,” Abdi Gancang ngawangsul, sakeresa Juragan ngiring, sareng menggah waktosna, eta ge pon kitu, kumaha kersa Juragan. Haji Mamur ngahuleng semuna mikir, teu lami sasauran.

Ka istrina barina ningali, ”Tah ayeuna ku itungan akang, lamun jeung Nyi Haji cocog, urang na bulan Mulud, nya meneran di poe Kemis, tanggal genepwelasna, sageuy teu kaburu, sabab ti semet ayeuna, masih aya tempona sabulan deui, pikeun sasadiaan.

Ngawalonan istrina jeung manis, semu anu kacida cocogna, pokna ”Atuh sageuy bae, nepi ka teu kaburu, aya tempo sabulan deui,” ngawalon carogena, ”Sukur lamun rempug, jadi ti poe isuk mah, hempek bae Nyai geura mikir-mikir, sagala kaperluan.”

Haji Mamur ngalahir ka abdi, ”Urang tetep tanggal genepwelas, upama jeung Ayi cocog,” ku abdi nya diwangssul, menggah eta leresan abdi, mung sumeja ngiringan, sakeresa tumut, sareng sajabi ti eta, tangtos pisan ku Juragan geus kagalih, kaabot ka pun anak.

Ku lantaran diri abdi laip, namung sanget nyaahna ka anak, hayang gaduh tawis oge, namung agung panuhun, mugi-mugi teu jadi galih, ieu abdi ngiringan, pertawis jumurung, hinana kabina-bina, mugi-mugi Juragan keresa nampi, sinareng karidoan.

Disanggakeun artos teh ku abdi, ku pribumi lajeng ditampanan, pasemon istrina kaget, ka abdi pok ngawangsul, ”Nuhun Ayi, balaksa keti, ku aceuk katarima, artos lima ratus, ieu mah sanes lumayan, mung aceuk teh aya hanjakal saeutik, Ayi acan garwaan.

Ceuk aceuk mah entong lami-lami, geura mangga ngilari keur garwa, aceuk teh langkung hawatos, perkawis nu geus pupus, entong panjang teuing digalih, da puguh geus sampurna, kersaning Yang Agung, katambah di tanah Mekah, eta bae aceuk mah welas ku Ayi, saha nu ngawulaan.

83