Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur II.pdf/100

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    rempah-rempah paling penting, geus ngagunduk diangkut ka Nagarana.
  1. Lila-lila kauninga, ku Kangjeng Sultan katungtik, pamaksudan ti Walanda, lain ukur jual beuli, rupaning hasil bumi, tapi milu ulubiung, mangaruhan Nagara, ku kituna geus diusir, dibuburak ti Banten supaya nyingkah.
  2. Cacakan mun Kangjeng Sultan, teu dibantu ku Portegis, anu araya di urang, Walanda moal arindit, dibelaan jeung jurit, ku sabab henteu kauntup, kapaksa terus budal, ngantunkeun Banten ti peuting, mangkat ngetan aranjog ka Jayakarta.
  3. Pangeran Wijayakrama, nu harita nuju mingpin, Wilayah Sundakalapa, jeung Walanda geus ngahiji, sababna eleh taktik, ku jalan ngajungjung luhur, diwujuk ku ruruba, ahirna teras ditampi, dipernahkeun deukeut Cihaliwung tea.
  4. Licikna bangsa Walanda, ngadu-dombakeun pribumi, Banten reujeung Jayakarta, ahirna getreng rek tanding, untungna henteu jadi, perang rongkah reujeung dulur, tapi tetela renggang, geus jadi salisih batin, biasana sok hese pisan cageurna.
  5. Ayana di Jayakarta, Walanda teh ngeunah seuri, reug-reug pageuh tur akaran, ku margi aya nu mingpin, bangsa urang pribadi, nu jadi Papayung Agung, nu kagungan Nagara, Walanda tempatna buni, mangrupakeun hiji bentengan tohaga.
  6. Kadudukan ti Walanda, 'geus kaangseu ka nu tebih, ku Sultan Agung Mataram, anjeunna panjang ngagalih, galagat nu teu uni, nu mawa Nagara runtuh, kaagungan Mataram, bisa jadi baris leungit, mun diantep di Jayakarta bebetah.
  7. Waktu kula di Mataram, dawuhan ti Sri Narpati, tatan-tatan pikeun perang, Jayakarta rek dibasmi, arek dilawan jurit, rek dirurug sina ancur, ceuk emutan kaula, kawasna mo lami deui ngabeledug perang Jakarta - Mataram.
  8. Jayakarta jeung Mataram, tangtu perang rongkah sengit, upami geus kajadian, Nagara urang katarik, kahebos ku nu jurit, kadangkala milu ancur, tah ku lantaran eta, urang kudu ati-ati keur netepkeun pamadegan anu kuat.
102