Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur II.pdf/113

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    ran, ngan kudu ihtiar bae, muga-muga aya dina kaunggulan.
  1. Sabadana taya deui nu miunjuk, lajeng na nimbalan, teger panger henteu keder, Kangjeng Dalem bade ngadamel putusan.
  2. Kula bungah ngucap sukur ka Nu Agung, sadaya satia, biluk ka Mataram kabeh, sauyunan samiuk urang mantuan.
  3. Keur ngirimkeun bantuan ka medan pupuh, keur ngusir Walanda, nu jahat arek ngarongrong musuh urang nu aya di Jayakarta.
  4. Nu araya sarerea saur manuk, bareng ngarempugan, jigana geus panas kabeh, Kangjeng Dalem teras deui sasaruan.
  5. Sukur pisan arandika teh saluyu, geus sapamadegan, yen urang rek paeh poso, numpes musuh babarengan jeung Mataram.
  6. Keur ngawaler serat Kangjeng Sultan Agung, ku kula sorangan, engke sore tangtu beres sangkan bisa kacandak ku Ki Utusan.
  7. Sagigireun ti nyanggeman rek ngabantu, diimplik-implikan, di mana perang geus rengse, tatar Sunda ulah dianggap bawahan.
  8. Kapan urang tetela tunggal sadulur, Nagara mimitran, sadarajat henteu geseh, hirup rukun silih junjung silih hormat.
  9. Tah sakitu anu baris kapiunjuk, serat ka Mataram, kumaha mupakat kabeh, saur manuk surak bari ngarempagan.
  10. Kangjeng Dalem nyaur sinewaka tutup, bral geura marulang, sadatang-datang singkeren, mepek balad samakta jeung pakarangna.
  11. Kaperluan bawaeun ka medan pupuh, sing gancang sadia, sabab waktuna geus tereh, kurang leuwih tataharna dua bulan.
  12. Kula oge nguriling sawaktu-waktu, jeung Ki Suranangga, ka unggal Cutak dilongok, rek mariksa bisi aya kakurangan.
  13. Para Demang Cutak Ngabehi jeung Umbul, sarta ponggawa, sakur nu nyepeung wewengkon, rek dipantes jadi Kapala
115