Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur II.pdf/115

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

VIII. NGARURUG KA JAYAKARTA
Magatru

  1. Kacaturkeun Pangeran Dipati Ukur, disarengan Senapati, nguriling ka unggal lembur, dina jero dua sasih, meh teu towong saban waktos.
  2. Mepek balad nu jumlahna tilu rebu, nu kapilih wani jurit, tur barudak ngora wungkul, nu meunang asak ngalatih, nu ngarti kana komando.
  3. Malahan mah loba deui nu ngabantu, nambahan balad prajurit, ti luar Wilayah Ukur, ti Sumedang jeung Ciamis, Sawungganteng jeung Malangbong.
  4. Kitu deui Sagalaherang Cihaur, ditambih nu sejen deui, mere bantuan nu cukup, jumlahna henteu saeutik, ngarebu milu ngarojong.
  5. Bekelna ge keur tilu sasih mah cukup, pakarang loba tur kumplit, tumbak gobang, kujang duhung, ditambih keris jeung badi, bedog panjang reujeung peso.
  6. Nu minangka bedilna keur dina tarung, loba nu marawa bandring, jeung panah nu meunang nyipuh, ruruhit mani lalancip, sipuh peurah oray totog.
  7. Sabagian aya deui nu ngabantun, gada bareurat jeung linggis, pikeun mekprek kayu batu, nya kitu deui tampuling, nu seukeut paranti nojos.
  8. Bebekelan harita nu dibantun, beas uyah jeung tarasi, kitu deui kere lauk, lauk cai reujeung daging, ku prajurit digarandong.
  9. Keur cadangan kurang bekel waktu pupuh, dibaktakan sejen deui, kadaharan anu cukup, dina kuda mani rimbil, tonggongna pinuh ku momot.
  10. Mawa balad nu jumlahna opat rebu, arek merangan Kumpeni, nu gagah galede jangkung, nu kumplit mariem bedil, dilawan ukur ku bedog.
117