Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur II.pdf/116

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Taun Saka keur sarebu lima ratus, jeung genep puluh panambih, Harita Dipati Ukur, keur ngatur rek indit jurit, ka Jayakarta nu adoh.
  2. Ceuk Masehi harita bulan Agustus, taunna sarebu leuwih, nepratus dalapan likur, tanggal poena teu panggih, Urang Sunda mo paraho.
  3. Isuk-isuk alun-alun Dayeuh Ukur, ngaliud pinuh prajurit, anu rek miang ngarurug, ka Jayakarta nu tebih, ngabaris keur diparios.
  4. Panglimana Pangeran Dipati Ukur, dibantu ku Senapati, Suranangga nu kamashur, tukang jurit ti leuleutik, geus kolot kekentong kahot.
  5. Kapetengan harita anu marilu, prajurit wijig pinilih, nepi ka mangpuluh-puluh, gagah rongkah brani mati, batan mundur kajeun bobor.
  6. Benteng Sunda nu ngiring Dipati Ukur, anu sikep tandang jurit, ti Batulayang Tumenggung, Demang Kahuripan sakti, sareng Umbul ti Malangbong.
  7. Den Ngabehi Yudakarta ti Taraju, Medangsasigar ge ngiring, katut Demang Saunggantung, Cutak Cihaur teu kari, Sagalaherang ge katon.
  8. Sakuriling alun-alun mani pinuh, ku barudak tambah istri, heurin usik ku nu nangtung, nempo dulur jeung salaki, ka medan jurit rek mios.
  9. Maranehna sanajan hatena bingung, nalangsa baris patebih, sadrah pasrah ka Nu Agung, bari teu weleh mumuji, nawiskeun nyaah ka kolot.
  10. Ngadaroa ka Gusti Nu Maha Agung, nu ngabela lemah cai, supaya warangsu unggul, salamet kabeh baralik, ulah aya anu maot.
  11. Kangjeng Dalem katingal maju lumungsur ka luar ti Srimanganti, diiring putra nu lucu, sinareng Garwa Den Sari, geugeut deudeuh mikasono.
  12. Panganggona kaprajuritan nu agung, lancingan hideung dijeupit, katingalna mani hurung, dijeupit ku pasmen kuning, dibeluit ku sinjang hejo.
118