Ieu kaca geus divalidasi
- Diraksukan hurung herang sutra wulung, model takwa mawa sari, dihias ku benang wungu, tina emas wuwuh manis, potongan menak kaprabon.
- Duhung sakti paparin ti Eyang Buyut, ti Sunan Dampal suwargi, harita henteu kakantun, dina angkeng katingali, cahayana pendok sumorot.
- Pameunteuna cahayaan mani mancur, angkat lalaunan rintih, tembong satria linuhung, lajeng ka garwa ningali, saurana mani halon.
- Enggeus bae jajap ka dieu ge cukup, mangga geura mulih deui, bisi nyuat-nyuat kalbu, sing sae ngajagi diri, muntang neneda ka Alloh.
- Engkang titip nu kasep ulah dikantun, kedah dijaring diaping, diwurukan tindak-tanduk, dididik meungpeung keur leutik, geus gede mah matak repot.
- Nyaur kitu bari nyepeing ka nu lucu, pok ngalahir imut manis, saurna Ujang dikantun, jeung Ibu ulah patebih, ulah ameng ka nu jolok.
- Omat pisan ka Ibu kudu sing nurut, ambeh pinter sarta ngarti, cageur bageur sarta suhud, sing enggal patepang deui, aya dina rido Alloh.
- Dalem Istri jeung putrana ngeluk tungkul, pasemon katingal sedih, cisoca bijil nyurucud, angkat mulih bari nangis, salira munggah rampohpoy.
- Ku kituna tinangtos meureun kamaphum, da puguh sipating Istri, sanajan diwantu-wantun, teu kalis bijil citangis, ka caroge sanget abot.
- Kangjeng Dalem bada ka Garwa miwuruk, ngabujeng ka lawang kori, ngalangkung ka Jagasatru, Mardawa nu keur ngajagi, manehna mani olohok.
- Ka rencangna ngarsekeun heula misaur, Mardawa kula teh titip, ngajaga jeung mantu-mantu, heug beberah Dalem Istri, ka budak ulah taledor.
- Anu matak henteu dibawa ka ditu, lantaran teu aya deui, nu dianggap bisa ngurus, lian ti awak pribadi, poma maneh ulah poho.
119