Ieu kaca geus divalidasi
Kinanti
- Sanggeus anjeunna ngadawuh, ka luar ti lawang kori, teras jengkar nitih kuda, bulu hideung mulus limit, lumpat mani sakoteap, ka alun-alun geus tepi.
- Kangjeng Dalem waktu rawuh, dipapag Juragan Patih, Senapati Suranangga, dina kuda sami-sami, teretet tarompet nyora, bende ngungkung terus muni.
- Tanggara Papayung rawuh, kapetengan geus ngabaris, jadi kapala pasukan, tingharaok mere ciri nata balad arek mangkat, sarikep beres ngabaris.
- Sabada Dipati Ukur, isarat maparin tawis, barisa gangcang mangkat, ngaleugeudeut bareng indit, ngembat-ngembat nyatang pinang, ngaler ngulon nyelabumi.
- Pasukan terus diatur, dipenggel dipasing-pasing, sapenggel hiji kapala, dina kuda tingbiribit, maringpin pasukanana, matak reseup nu ningali.
- Ti payun Dipati Ukur, digendeng Juragan Patih, sareng priyayi sepuhan, rek jajap ka tepis wiring, sadayana tunggang kuda, anggoan paginding-ginding.
- Sadayana nu sarepuh, sanajan palayeun ngiring, ku Dipati geus ditolak, teu kenging ka medan jurit, supaya tunggu Nagara, ngajagi nu nyiliwuri.
- Teu lami aleutan cunduk, geus tepi ka tepis wiring, sarerea reureuh heula, teu robah tetep ngabaris, nu jarajap marunjungan, bari ngadoa ka Gusti.
- Satutasna terus maju, aleutan arindit deui, ngajujug ka pameuntasan, Citarum meneran leutik, di palebah Batujajar, teu lami kocap tarepi.
- Sareupna pasukan cunduk, geus anjog ka sisi cai, enggal Panglima marentah, teu kudu leumpang ti peuting, tuluy ngarereb di dinya, ngagaloler sapeupueting.
- Samemeh sare ngariung, murak timbel masing-masing, nu teu mawa bekel asak, ngadadak ngaliwet gasik, brak dalahar babarengan, diselang ku suka seuri.
- Kawantu nu tas lumaku, ti Subuh nepi ka Magrib, turug-turug ngambah jalan, nu bala sinareng rumpil, dalahar ni-
120