Ieu kaca geus divalidasi
- mateun pisan, ngalimed sangu beresih
- Sore keneh tingrararingkuk, geus sarare mani jempling, galempar talibra pisan, ukur disimbut ku samping, tilamna samak saheulay, jeung bantalna oge leutik.
- Unggal rombongan diatur, pangjagaan nu tarapti, prak diligir dua-dua, bisi aya musuh ngintip ngadodoho rek narajang, nu jaraga teh caringcing.
- Kacaturkeun bada Subuh, pasukan arindit deui, jalanna mapay wahangan, tarahal sarta rarumpil, jauh cunduk anggang datang, ka Cikalong geus tarepi.
- Dina poe nu katilu, ka Palered geus narepi, sakiduleun Purwakarta, hiji tempat tiis jempling di dinya ngareureuh heula, ngarebeng kenging sapueting.
- Isukna ka Jatiluhur, deukeut Cikao kiwari, ti dinya gancang mareuntas, Citarum meneran leutik, tuluy pasukan ngaraas, teu weleh bari sareuri.
- Pagunungan Tegalwaru, diambah meh beurang peuting, Telukjambe beh kalerna, pasukan nuju Ciririp, ka Sukamanah Pangkalan, ka Cibarusah tarepi.
- Di Cibarusah meh ribut, diparegat ku nu julig, gorombolan rek ngabelag, bangsa Cina nu teu uni, nu sok ngaprak milemburan, nyieun susah ka nu leutik.
- Pasukan mangrebu-rebu, nu inditna terus baris, begal jiga kasieunan, lalumpatan tingbalecir, sup marubus mileuweungan, meureun sieuneun kapanggih.
- Ti antara nu marubus, saurang bisa kaberik, ditarewak dicangkalak, digiring diabring-abring, didueheuskeun ka Panglima, nu nibankeun hukum adil.
- Sing percaya ka Nu Agung, ka Gusti Nu Maha Suci, alus geus meunang babandan, kauntungan nu rek jurit, dina waktu dipariksa, kaluar risiah penting.
- Kaayaan pihak musuh, nu araya di Batawi, geus sadia mepek balad, mani hibut beurang peuting, unggal benteng dikuratan, dijaraga ku Kumpeni.
- Lawang ka kota ditutup, dijaga anu taliti, henteu meunang lalar liwat, upami taya pajijn, nu teu mawa katerangan,
121