Ieu kaca geus divalidasi
- ditahan teu meunang balik.
- Sisi muara Ciliwung, puluhan parahu leuwih, nu asalna ti Japara, nu ditahan ku Kumpeni, teu meunang deui ka luar, dirampas jeung dipimilik.
- Luar kota di nu singkur, wetaneun kota Batawi, geus aya pasukan Jawa, nu puluhan rebu leuwih, keur nyarieun panyumputan, pertahanan pikeun jurit.
- Baladna ti pihak musuh, lain ngan kaom Kumpeni, aya Cina reujeung Jepang, dibantu nu sanes deui, jadi tanaga sewaan, dipaksa diolo duit.
- Pisaur Dipati Ukur, ka tahanan Cina tadi, sukur awak terus terang, sarta geus daek pupulih, jung ayeuna geura mulang, montong rek ngarampog deui.
Mijil
- Teu kacatur di jalanna deui, kocapkeun geus anjog, perjalanan meh saweulas poe, lalampahan leumpang beurang peuting, jalan nu rarumpil, bala nanjak mudun.
- Geus tarepi ka sisi Batawi, beulah Kidul Kulon, masa Allah ku hese beleke, lalampahan nuju ka Batawi, nyusahkeun prajurit, loba nu ngarahuh.
- Kaayaan wewengkon Batawi, meh pinuh ku balong, loba rawa-embel mani jemblek, tur jarero tapi teu kaciri, ku jukut walini, jeung kiray jarangkung.
- Tingbelesek dina ranca tadi, embel nu jarero, tingarasoy disararong bae, komo kuda meh teu bisa indit, jero liwat saking, mani tinggarapuy.
- Ku lantaran sabar jeung prihatin, nurut ka komando, rawa embel kaliwatan kabeh, geus haranjat ka nu teuas deui, sarerea bijil, reureuh di nu iuh.
- Pangersana Pangeran Dipati, nu nyepeng komando, rek nempatkeun pasukanana teh, saluareun kota anu sepi, merenah kataksir, beulah kulon kidul.
- Ti Ciliwung henteu tebih teuing, rada palih kulon, nu maksadna supaya katangen, sangkan ulah pabaliut teuing, sinareng prajurit, sanajan jeung batur.
122