Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur II.pdf/122

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Kanjeng Dalem enggal pok wawarti, rada jeung molotot, mun teu ngartos pek unjukeun bae, saupami parentah babakti, ka Kanjeng Dipati, kula moal tumut.
  2. Sawangsulna mun seug rek badami, sangkan sapagodos, siang dalu tansah ngantos bae, hanas tempat sumeja kairing, ieu nu utami, nawiskeun jeung dulur.
  3. Ki Utusan tinggarel jlig indit, mangkat tingaleos, jeung baraeud sikepna garoreng, boga rasa enggeus dinyenyeri, ku jelema leutik nu sombong adigung.
  4. Amarahna harita teu bijil, tibang poporongos, jeung jamotrot awakna ngadegede, boga tekad ngancam rek ngadoni, arek propokasi, rek ngadu ka sepuh.
  5. Samulihna utusan Dipati, nu bedegong sombong tur umangkeuh terah menak gede, Kanjeng Dalem teu lami badami, pamingpin Caralik, teu aya nu kantun.
  6. Anjeunna teh daradad wawarti, sasauran alon diterangkeun talajak nu goreng, ti utusan Kanjeng Adipati, anu karumaki, sarombong adigung.
  7. Nya kapaksa anjeunna teh bengis, nolak poporongos, ku lantaran kasar utusan teh, geus ngahina mutuh matak nyeri, Kanjeng Adipati, ahirna ngadawuh.
  8. Kapetengan pacuan rek lali, kapala mah komo kawasna mah galagatna goreng, ti utusan Mataram nu tadi, jeung kula pribadi, nu ahirna rusuh.
  9. Bener-bener mun nepi ka jadi, kudu silih sorong, dibarengan ku perang nu gede, keur kaula ngarasa keun rugi, rugi lahir batin, Walanda nu untung.
  10. Najan kitu sumerah ka Gusti, tumamprak ka Alloh, bongan bae maranehna goreng, ka kaula sidik nganyenyeri, kawas ka prajurit, anu enggeus taluk.

Pucung

  1. Suranangga dasar sok gancang kasundut, adat barangasan, gancang ambek panas hate, harita ge manehna gancang nambalang.
  2. Ku hanjakal abdi Dalem teh belegug, tuna basa Jawa,
124