Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur II.pdf/19

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    yat leutik, ditungtun supaya maju, tembongkeun kawibawaan, toweksa ngapingngajaring, pangauban rundayan Parahiangan.
  1. Weweling ti Uyut cekap, isuk hidep gancang indit, geura miang teras leumpang, cepet ka kidul sing gasik, Gunung Malabar ungsi, didoakeun sing rahayu, mulya mukti wibawa, berbudi sugih pangarti, diijabah ngajembarkeun tanah Sunda.
  2. Dipati Ukur teh cengkat, ngesod tina tempat calik, rek nyungkem sampeanana, barang dirontok ngaleungit, teu katingali deui, nu kasep mani ngaranjug, ku tina harendegna, anjeunna sumegruk nangis, Sunan Dampal ilang ti payuneunana.
  3. Barang geus wanci balebat, lajeng lugay Adipati, leos ngantun pasarean, ngabujeng ka lembur deui, angkat mani ngagidig, palay geura-geura cunduk, rek nyampeur Ki Mardawa, gancanging anu digurit, rebun-rebun Maribaya geus ditilar.
  4. Leumpang ngidul gagancangan, mapay-mapay sisi cai, Cikapundung palih wetan, teu pinanggih jeung kasulit, teu aya nu rek jail, estuning mulus rahayu, bubuhan ka nu iklas, mapahna suci beresih, dijauhkeun tina panggoda rancana
  5. Dina katilu poena, Dipati Ukur geus sumping, nyaeta ka Batulayang, tempat unggeling pepeling, henteu sesah ngilari, bumina anu dituju, bumi Juragan Cutak, malah mah kasondong linggih keur caralik duaan sareng garwana.
  6. Eta Cutak Wirawangsa, salirana jangjing alit, satilas sareng garwana, jarangkung koneng maranis, yuswana oge sami, geus kaliwat tengah tuwuh, na dedeg pangadegna, henteu tebih ti Dipati, rupina ge saliwatan meh sarimbag.
  7. Dasar menak tedak Sunda, darehdeh tur amis budi, someah ngaku ka semah, barang ret oge ningali, aya nu bade sumping, enggal ngabujeng ka tamu, lajeng dihiap-hiap, ditampi dipayun linggih, pribumi teh estuning ku matak conggah.
  8. Ninggang tamu nu satedak, rundayan anu sagetih, henteu tinggal tatakrama, anggah-ungguh ka pribumi, mani mendek tur rintih, jauh ti basa culangung, sanajan dipiconggah, Raden henteu mapadani, mamandapan lajeng cong nyembah munjungan.
  9. Raden Cutak Wirawangsa, ningali tamu geus calik,
20