Ieu kaca geus divalidasi
- ngadadak dina galihna, timbul deudeuh sareng asih, raos tepang jeung wargi, patepung paadu lawung, diteuteup pameunteuna, sakeureut sareng pribumi, kukurayeun manah tambah seseblakan.
- Horeng kitu perbawana, mungguhing tatali batin, anu katunggalan darah, anu meungkeut kula wargi, ngahiji najan tebih, tepung kalbu najan jauh, dina pareng patepang, rasa bawaning ngajadi, lebet manah pancakaki miheulaan.
- Papayun-payun calikna, tatamu sareng pribumi ti dinya, juragan cutak, ka tamu nu nembe sumping, bari jeung wening galih, mariksa awit luluhur, kitu deui jenengan, jeung naon nu dipilari, sasauran dibarengan ratug manah.
- Adipati ngawaleran, gemet sadaya diwincik, dijujut tina awitna, dipapay dugi ka ahir imeut taya nu lali, teu aya anu kalarung, maksad tujuanana, disaurkeun ka pribumi, Raden Ukur tamat medar sajarahna.
- Ngadangu pedaranana, pribumi pameget istri, ku tina henteu kawawa, ngararontok bari nangis, bawaning bungah galih, emuteun jaman kapungkur, pisah sareng wargina, henteu patepang geus lami, dikersakeun bet tamu teh kapi putra.
- Waktos Dipati dicandak, ku Eyangna masih alit, yuswa opat taun jalan, nembean patepang deui, meujeuhna boga rabi, emuteun mulih ka Ukur, bingah campur kagagas, cisoca merebes mili, dumareuda emut ka jaman katukang.
Dandanggula
- Ti dinya mah pribumi ngaralih, tatamu teh lajengna dicandak, ka lebet neraskeun ngobrol, di patengahan kumpul, tina sono henteu patebih, teu pisan kersa anggang, pribumi jeung Ukur, garwa heug ngagentraan, ka putrana istri keur rumaja putri, nunggal hiji-hijina.
- Nu geulis teh teu lami jol sumping, nu sumpingna ti pangkeng nu tukang, nelah Enden Saribanon, barang reret ka tamu, nu keur linggih di tengah bumi, bet benten raraosan, manah rada ratug, ngabalieur ningalina, miceun semu bok bilih kacingcirihi, ka tamu nu can kenal.
21