Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur II.pdf/21

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Malum mojang nu rumaja putri, ningal bujang sakitu kasepna, katurug-turug can wanoh, ukur kantun gegetun, rek mayunan teu acan wani, kantun bati ngarenghap, can aya kawantun, hate dugdeg palay kenal, mung saena Ibuna surti binang kit, pok nyaur lalaunan.
  2. Ieu Nyai ulah isin-isin, prak ka dieu cing geura munjungan, Eulis ka Engkang saderek tong asa-asa ngaku, dulur Nyai nembean sumping, Raden Wangsataruna, nu ngumbara jauh, mentas ulun kumawula, ti Mataram ngabdi ka Gusti Narpati ku Nyai kawulaan.
  3. Saribanon nu lucu tur geulis, mojang ampuh sarta timpuh pisan, warahan menak nu hade, ngengsod marek ka payun, ka Dipati jeung imut manis, manahna tutunggulan, bawaning ku bingung, barang geus meh caket pisan, tapak deku nyembah munjungan tarapti, jiga nu rada era.
  4. Raden Ukur sanajan lalaki, Senapati nu geus tabah perang, tanggoh leber ku wawanen, harita rada gugup, mani ngeter lebeting galih, manah kawas nu rempan, bet geumpeur teu puguh, teu cara di pangperangan, najan musuh gagah rongkah teu dihiding, henteu
  5. Perbawana kasakten nu geulis, nu nimbulkeun datangna asmara, jajaten pameget leeh, kagagahan ge kitu, kadugalan ngadadak leungit, cambal taya eusina, teu aya nu mampuh, suda tuna pangawasa, paripaos najan dipeuncit kuriling, geus teu bisa ngalawan.
  6. Dina waktos paadu tingali, sumawonna nuju sasalaman, antel patarema ramo, sadalah anggeus mungkur, anjeunna mah teu wani lami, ningali pameunteuna, Nden Sari nu lucu, tadi ge ngan sareretan, ningalina estuning henteu katawis, lantip lebah dinyana.
  7. Jiga pisan nu boga karisi, tur sieuneun kabuka rusiah, karek tepang geus cumantel, sumurup kana kalbu, lelembutan hayang ngahiji, panah amorna lepas, geus nusuk jajantung, tambah-tambah sarundayan, anu kasep aya manah kaping burih, tapi inggis katohyan.
  8. Manah rempan aringgis ku bisi, kapalayna sok sieun
    22