Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur II.pdf/29

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    Ibu ge sugan bae, teu kitu ari jodo mah, coba ku Enden papay, ka Mardawa pek paluruh, enggeus rimbitan henteuna.
  1. Enden Sari pok ngalahir, bari jeung baeud meueusan, tapi lain baeud jengkel, ieu mah baeud pangemat, geusan nambahan endah, camberut jadi pangirut, ngahaja palay dipandang.
  2. Ih Ibu geura teu isin, na asa napsu pohara, palay enggal mantuan teh, dugi ka abdi sorangan, nyaleser ka Mardawa, kumaha engke Kang Ukur, lamun anjeunna uninga.
  3. Ibuna alon ngalahir, imut manis tawis sabar, gentra leuleuy lumah-lameh, keur ngupahan ka putrana, ulah nepi ka reuwas, ngajorengja terus bendu, atawa raheut manahna.
  4. Enden ulah salah harti, atawa rek salah tampa, sok komo mun nganggap goreng, Ibu ge piraku luas, nepi ka arek maksa, hanas Ibu ngomong kitu, sugan teh rek ngarujukan.
  5. Reungeukeun sakali deui, ulah rek salah tarima, Ibu ge sami awewe, moal enya luluasan, nepi ka togmol pisan, ka Eulis rek ngadu-ngadu, ngarendahkeun harkat anak.
  6. Mun Enden aya pamilih, sarta purun ka Kang Cutak, iaksana pareng ngajodo, Ibu teh bungah pohara, nimat Sawarga-dunya, hayang geura mangku incu, putra Enden ti Kang Cutak.
  7. Den Sari ngawaler rintih, rada beureum pameunteunna, inggis bendu Ibuna teh, rek ngawagang kapalayna, ngoloan ka Mardawa, pamugi teu jadi bendu, sanes pisan abdi baha.
  8. Mung nyanggakeun pameredih, ku Ibu tangtos kamanah, naha henteu langkung sae, nu maluruh ulah putra, sarta terang-terangan, sanajan abdi teh purun, moal dagang kurangan.
  9. Da menggah emutan abdi, yen istri mah salamina, kedah pengkuh teu katembong, dimana aya kahayang, estuning teu katara, henteu katingal ku umum, sumawonten ku jinisna.
  10. Anak Ibu anu geulis, enya kitu bener pisan, teu sangka geuning Endeh teh, sukur boga pamadegan, nandakeun geus dewasa, Endeh teh kukuh tur pengkuh, nyaho di harga sorang-
30