Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Pangeran Dipati Ukur II.pdf/38

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    hokeun rahayat teu meunang kitu, dianggap henteu merenah, tandana henteu ngalarti.
  1. Saha jelema nu mungpang, boga karep embung mere upeti, tegesna anu murugul, baha arek ngalawan, singsieunan sarta ancam rek dihukum, ahirna rayat narima, nurut tunduk ka nu mingpin.
  2. Kahartos pisan dawuhan, mung pamugi teu jadi rengat galih, rek aya deui piunjuk, Dampal Dalem ngawejang, dupi cutak damelna naon nu baku, hak sinareng kawajiban, papancen padamel Nagri.
  3. Barang mireng patarosan, ti Den Cutak soal damel nu penting, Kangjeng Dalem wuwuh bendu, karaosna diunghak, tur dihina ku cutak nu karek benum, nyentak bari jeung tetenjrag, ngagedor meja ngalahir.
  4. Dasar bodo teu kapalang, ka Pangagung campelak kumawani, nanyakeun urusan kitu, estuning henteu sopan, bisi maneh bener-bener tacan weruh, Cutak ngan tadah parentah, kumaha carek Bupati.
  5. Jalankeun kabeh parentah, anu gede atawa anu leutik, anu husus tur nu umum, nu kilat jeung biasa, tah sakitu gawe nu jadi babaku, kawajibanana Cutak, nu didawuhkeun ku kami.
  6. Raden Cutak Batulayang, ngadangukeun Kangjeng Dalem wawarti, sanajan bari jeung bendu, anjeunna tetep tenang, teu paureun teu riuk tuluy murungkut, henteu keder henteu rempan, jigana teh beuki wani.
  7. Imut manis ngawaleran, dibarengan daweung ludeung teu risi, saurna sumuhun dawuh, saupami parentah, karaosna henteu adil pikeun umum, dongkap ka rayat ngoceak, margina ku abot teuing.
  8. Kangjeng Dalem Sutapura, benduna teh geus kaliwat ti misti, socana molotot hurung, rarayna ngembang wera, gantawang teh ngawakwak bari tutunjuk, tetenjrag jiga nu kalap, jiga pisan nu teu eling.
  9. Meugeus maneh tong nyarita, loba omong molongpong tanpa eusi, ngabaceo lir nu linglung, geus sangeuk ngade-
39