Ieu kaca geus divalidasi
- Pilahirna rintih jiga neundeun semu, mani lalaunan, malah rada ngaharewos, tapi soca ningali ka padaleman.
- Kangjeng Dalem rupi aya nu dikemu, bilih kauninga, ku Dalem Istri ti jero, sasauran ka Patih aya rusiah.
- Kula menta juragan Patih sing nurut, kula aya maksad, nu perelu diparios, ceuk Bupati bari ngalirik ka tukang.
- Tangtu meureun juragan Patih geus weruh, tuh di Batulayang, aya mojang anu hade, anak Cutak anu can lila mareman.
- Saur Patih dibarengan imut kanjut, malum kumawula, Patih kudu nurut bae, kudu ngarti kana linggekna dunungan.
- Abdi Dalem terang teh mung nguping wungkul, leres sadawuhan, anu ngabarantun wartos, yen pun Wira gaduheun mojang pingitan.
- Gaduh seuweu nu geulis nyeepkeun batur, malahan di kota, moal aya anu nendeng, jigana mah nu panggeulisna sadunya.
- Sukur atuh saur Dalem bari imut, ku bawaning bungah, sugan pareng kapijodo, muga-muga kahayang teh tinekanan.
- Ku lantaran Nyi Musti meujeuhna gendut, Nyi Lurah badaya, nya kudu nyiar nu kosong, ku kituna hayang aya keur gantina.
- Keur gantina mun juragan Patih rujuk, anak Cutak tea, pantesna mah leuwih hade, lamun bisa ulah rek dilila-lila.
- Abdi Dalem ngaraos bingah ti payun, upami ka dinya, parantos kacipta bae, Dampal Dalem ngagedengkeun putri endah.
- Tangtos bae ti Nyi Musti langkung lucu, kageulisanana, katambih turunan hade, logoyorna tingkah payus jeung rupina.
- Dalem Suta ngadangu Patih miunjuk, katajieun pisan, lunggak-linggek sarta edeg, muril kumis katembong bingaheun pisan.
- Ayeuna mah sangkan beres buru-buru, jung isuk mah
42